- Pas naek angkot heulakeun suku, ulah sirah, kecuali mun tidagor.
- Mun supirna nanya "rek kamana?" kade ulah dijawab "Ke hatimu”…, bisi teu konsen nyetirna, ke mobilna "ngeeeng....Jegerrrrr!!
- Sanajan si supir boga loba duit sarebuan, ulah sakali kali nyium leungeun tuluy ngomong menta jajan, sabab eta mah lain bapa maneh koplok...!!
- Sanajan maneh narsis..omat ulah ngajak supirna foto bareng...,
- Ulah dandan sagala soalna ngan dina FTV wungkul aya supir angkot ganteng.
- Ulah nanyakeun panto daruratna dimana. Please deh Ulah pisan!! soalna lain pesawat terbang.
- Mun supir rek mindahkeun gigi, ulah sok roromantisan sagala, komo bari nyekel leungeun bari melong panonna mah, kecuali mun angkotna hayang nyuksruk kanu sawah!!
- Mun aya nu malak dijero angkot, api-api sare we, paling ge diliwatan mun teu kitu nya wayahna we ari aya nu nyabok pipi nitah hudang mah.
- Mun diuk ditukangeun supir ulah ngareureuwas supir, komo dipeungpeunan panonna bari dirangkul, bari ngomong "cik tebak ieu saha?" mah,
- Ulah daek mun naek angkot nu make bensin campur. komo bensin campur dorong mah. Cape ngadorong euy..!!
- Mun rumasa cadel, ngomongnya "Setop" we, ulah "Kiri".. bisi diseungseurikeun ku supir angkotna.
- Omat dibayarna make duit, ulah dibayar ku saparangkat alat solat. da lain keur ijab kabul.
- Nu terakhir jeung nu paling penting mah, rek sakumaha pinuhna ge omat ulah diuk dina lahunan supir.

Mairan ku Google
Mairan ku Facebook