Metode Bahasa Inggris 468 x 60

SMS Nipu

Keur ngadaweung, ujug-ujug aya SMS asup.  Dibuka.

Transfer ke rekening Bank XXX No XXXX A n XXXXX,” cenah.  Nomor tidak dikenal. 

Jaman kiwari, masih bae usaha nu kararieu, gerentes kuring, langsung nyel keuheul.  “Batur, bisa jadi katipu, moal ngaruh ka aing mah!”

Tadina rek dicarekan.  Tapi dipikir deui, euweuh gawe nyarekan nu kararitu.  Mending digawean, api-api diturutkeun kahayangna.

Sudah ditransfer, cek aja,” bales kuring.

Legleg tah!

Heuleut satengah jam aya BBM asup.  Ti pamajikan. Unina kieu,

“A, mun aya sms nu ngirimkeun nomer rekening, eta ti Teh Ani.  Kamari ngasms nganggo hp Aa, duduhkeunna eta nomer Anis,” cenah.

Kuring seuri koneng. Berarti nu sms tadi teh bener, lain nu nipu.

Untung teu jadi dicarekan :).
    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook