Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Hansip di Kampung Bangsat

 

Di Kampung Bangsat, sakabéh wargana, ti mimiti Lurah, RW, RT, Lebé, Paraji, Guru, Mantri, nepi ka warga séjénna, taya lain, nyaéta bangsat.

Hiji peuting, di Kampung Bangsat téh aya salah saurang bangsat ningali Hansip keur ngaronda teu jauh ti Tugu Bangsat.

“Hansiiiip...! Aya hansiiiiiiip......! “ ceuk éta bangsat, gogorowokan. Rabul bangsat ti ditu, ti dieu,

“Mana Hansipna? Tewaaak...! Tewaaaaak......! Cuang gebugan!” Bangsat ting corowok laju nyangkalak jeung ngagarebugan éta Hansip.

Ku para bangsat, Hansip diabringkeun ka Pos Bangsat. Di Pos Bangsat, Hansip téh digebugan kénéh bari diinterogasi,

“Geus sabaraha kali manéh ngaronda?!” ceuk bangsat.

“Sakali,” témbal Hansip.

“Bohong, siah! Buru ngaku sing jujur, geus sabaraha kali?” Bangsat nanya deui bari nenggeul.

“Tilu,” walon Hansip.

“Tah, kitu atuh ngaku,” ceuk bangsat bari habek deui neunggeul.

“Rék sakali-kali deui, moal?” ceuk bangsat kénéh.

“Ampun, pak, abdi moal sakali-kali deui ngaronda, abdi janji” ceuk Hansip kapokeun.

“Katempo ngaronda deui, awas siah!” ceuk bangsat.

(kenging nyutat ti grup fb banyolan sunda)
    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook