Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Satru Kabuyutan


Dua jawara, patepung di rawayan. Paadu hareup. Silihpencrong.

"Kunaon silaing depa, sieun jadi tinggal ngaran, geura sambat indung bapa, ku aing rék dipodaran!" ceuk nu codét.

"Tampolong mah dina kaléng, lamun belut ditalian, entong ngomong siah gandéng, hayu gelut sakalian!" témpas nu béwos.

Duanana marancegkeun kuda-kuda, rék silih bégalan pati.

"Niup suling nakol dogdog, monyét tuluy gujlang-gajleng, lamun kuring mesat bedog, hulu manéh ngagelenceng!" Si Codét ngancem.

"Lamun bangkong digedékeun, bangkong leutik éta bancét, kampak kuring diheumbatkeun, awak manéh bakal rajét!" Si Béwos teu éléh géléng.

Duanana beuki deukeut, panon paamprok silihteuteup. Adu komara. Reup duanana ngariceup, aya rasa gimir, aya rasa sebér, didirina masing-masing.

"Buah haseum téh kawéni, jiga nangka mah campedak, lain urang heunteu wani, tapi kuring melang budak." ceuk Si Codét, leuleuy.

"Lamun rék ngagoréng belut, digoréngna dina katél, timbang urang jadi gelut, mending gé urang pacantél!" Si Béwos némbal.

Duanana laju pataréma leungeun.

Kenging Batara Kala
    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook

0 comments:

Post a Comment