Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Sultan Ageng Tirtayasa Ngalawan VOC (III)

Hanjakal, rapihna Banten jeung Kumpeni téh ngan dua belas taun. Hubungan Sultan Ageng jeung Kumpeni téh rengkeng deui. Ari sababna, Kumpeni ngayakeun rupa-rupa réka perdaya pikeun ngawasa Kasultanan Banten. Ngan ayeuna mah taktikna béda. Kumpeni mimiti ngajalankeun pulitik adu domba.

Ayeuna mah salian ti ngalawan Kumpeni téh, Sultan Ageng ogé kudu ngalawan pasukan Sultan Haji deuih. Ari Sultan Haji téh putra Sultan Ageng, anu digadangkeun baris jadi Sultan Banten. Sanajan Sultan Haji téh putra pituin Sultan Ageng, tapi watek jeung pasipatanana béda pisan jeung bapana. Sultan Haji resep curak-curak jeung sukan-sukan. Malah dina tingkah paripolah jeung campur-gaulna ogé, Sultan Haji mah leuwih deukeut ka bangsa Walanda ti batan jeung bangsana sorangan. Sikepna ogé henteu kukuh-pengkuh cara Sultan Ageng deuih.

Kaayaan sarupa kitu téh, dipaké kasempetan ku Kumpeni pikeun ngajalankeun pulitik adu domba téa. Kumpeni ngadeukeutan Sultan Haji. Diwawoy ku rupa-rupa kasenangan lahir. Malah diangsonan supaya baha ka nu jadi kolotna, nyaéta Sultan Ageng.

Tarékah Kumpeni téh hasil. Ahirna Sultan Haji leuwih deukeut ka Kumpeni tibatan ka bangsana surangan. Leuwih percaya ka Kumpeni tibatan ka bapana sorangan. Lamun aya nanaon, Sultan Haji sok ngajak badamina téh ka bangsa Walanda. Komo sanggeus Sultan Ageng eureun tina mancén ngurus pamaréntahan sapopoé mah.

Éta pancén dipasrahkeun ka Sultan Haji. Sultan Ageng ukur nyekel urusan jero karaton, di Karaton Tirtayasa. Ari Sultan Haji, angger ngaratonna di Karaton Surosowan. Puguh baé, Kum¬peni téh beuki laluasa enggoning ngajalankeun pulitik adudornbana téa.

Mireungeuh kaayaan kitu, Sultan Ageng kacida hanjeluna. Kumpeni téh musuh gerot Sultan Ageng. Malah bisa disebutkeun sagala kawijaksanaan pamaréntahanana ogé, ditujulkeun pikeun nyanghareupan Kumpeni. Ari ku nu jadi anak bet kalah diraketan.

Diomongan mah diomongan, kalah bosen anu ngomongan. Ti batan nurut, kalah ka ngalawan ku punduk. Nepi ka hiji mangsa mah Sultan Ageng béak kasaharanana. Pék mepek balad di Tirtayasa, terus nyerang Sultan Haji di Surosowan. Maksudna taya lian, pikeun ngawarah ka nu jadi anak.  Tapi Sultan Haji henteu surti. Manéhna kalah ngalolos ti Surosowan, ménta bantuan ka Kumpeni di Batavia. Puguh wé pikeun Kumpeni mah asa mobok manggih gorowong. Da mémang kitu kahayangna. Paménta Sultan Haji ditedunan.

Der baé perang di Surosowan. Perang antara anak jeung bapa. Perang sadulur, pasukan Banten anu satia ka Sultan Ageng ngalawan pasukan Banten anu satia ka Sultan Haji. Pasukan Sultan Ageng kadéséh, sabab éléh loba ku pasukan Sultan Haji anu dibantuan ku pasukan Kumpeni.

Sultan Ageng jeung pasukanana ngalolos ka Leuweung Kranggan. Sultan Ageng diba¬réngan ku Pangéran Purbaya, adina Sultan Haji, jeung sababaraha kapetenganana saperti Syéh Yusuf, Pangéran Kidul, jeung Pangéran Kulon.

Di Leuweung Kranggan, Sultan Ageng saparakanca terus ngayakeun per-lawanan ka Kumpeni, ngagunakeun taktik gerilya. Nya teu burung kariripuhan ogé Kumpeni téh. Tuluy bae nyieun siasat anyar. Kumpeni nitah ka Sultan Haji sangkan nyuratan ka bapana.

Eusi éta surat téh ménta sangkan Sultan Ageng daék balik ka Surosowan. Dina éta surat ditétélakeun, Sultan Haji ngajamin baris méré kabébasan jeung kamerdékaan ka Sultan Ageng. Sultan Ageng daék nohonan éta pameredih, sabab percaya yén anakna moal jalir jangji.

Barang Sultan Ageng nepi ka Surosowan, harita kénéh ditangkep ku Kumpeni. Terus dibawa ka Batavia sarta dipanjara di hiji benténg anu tohaga. Nepi ka wapatna di dinya. Jadi, Sultan Ageng mah beunangna téh ku réka-perdaya Kumpeni Walanda. Sultan Ageng wapat dina taun 1683 sarta dimakamkeun di deukeut Masjid Agung Banten.

Rengse

Kenging Kang Budi Rahayu Tamsyah
    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook