Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Nu Gelo Anyar


Isuk-isuk aya nu gelo asup ka masjid. Manehna laha-loho ka jero masjid. Tuluy ngadeukeutan mihrob. Serengeh nyengir.  Gep kana mic. Cekrek, ngahurungkeun amplifier.  Teu kungsi lila, ngong adzan. Padahal harita teh jam 8 isuk-isuk, lain waktuna adzan.

Ngadenge aya nu adzan lain waktuna, ampir kabeh warga ka laluar lalumpatan ka masjid. Pa RT, satpam, hansip, oge tatangga masjid.
 
"Hey... saha eta nu adzan wayah kieu???!! kaluar ti masjid siah!!!! gelo sugan!!! piraku jam 8 adzan!!!! kaluar siah nu gelo anyar!!!" ceuk warga nu ngarumpul hareupeun masjid.
 
Kusabab kasinggung disebut nu gelo anyar, eta nu gelo kaluar bari ngagorowok,
 
"Hey deui siah!!! aing mah lain nu gelo anyar!!!, aing mah nu gelo heubeul koplok!!!
 
Maraneh kabeh siah nu gelo mah!!! tadi pas adzan shubuh maraneh teu ka marasjid ngadon harees siah kehed!!!
 
Ehh....pas aing adzan bieu... maraneh kalah daratang... mun edek ge tadi shubuh siah....dasar garelo siah...!!!!"
    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook