BABARENGAN jeung babaturanana anu sarua pada-pada palaut, Pa Éddy aktif milu bajoang. Malah puseur kagiatananana sarta markas pamuda palaut teh, nya di bumi Pa Éddy pisan.
Nya di dinya para pamuda palaut ngayakeun rapat-rapat katut kagiatan lianna, sarta ngayakeun hubungan langsung jeng para pamingpin pergerakan kemerdékaan, saperti Bung Karno jeung Bung Hatta. Pa Éddy minangka pamingpinna, di kalangan pamuda palaut mah.
Tanggal 17 Agustus 1945, Proklamasi Kemerdékaan Républik Indonésia, diumumkeun di Jalan Pegangsaan Timur 56, Jakarta, anu dibaca ku Bung Karno dibarengan ku Bung Hatta, Pa Éddy jeung para pamuda palaut séjénna, milu nyaksian langsung di Pegangsaan Timur.
Sanggeus Indonésia merdéka, Pa Éddy meunang pancén anu penting, nyaéta milu marajian lahirna BKR-Laut, anu engkena jadi TNI-Angkatan Laut. BKR singgetan tina Barisan Keamanan Rakyat. Harita anu jadi pingpinan BKR-Laut nyaéta Pa M. Pardi, ari Pa Eddy jadi staf pingpinan.
Dina mangsa-mangsa awal kamerdékaan, perjoangan Pa Éddy téh beuki natrat baé. Utamana dina ngabebenah jeung ngawangun angkatan laut anu tanggoh tur bisa diandelkeun. Sabab dihenteu-henteu ogé nagara urang téh, nagara maritim, nagara anu mibanda laut lega.
Sawatara jabatan anu kungsi dicangking ku anjeunna, di an¬tarana jadi Wakil Pingpinan BKR-Laut Pusat, ngarangkep jadi wakil pingpinan BKR-Laut Jawa Barat. BKR-Laut dirobah ngaranna jadi TKR-Laut. TKR téh singgetan tina Tentara Keamanan Rakyat. Pa Éddy jadi Perwira Staf TKR-Laut.
Basa TKR-Laut dirobah ngaranna jadi ALRI, singgetan tina Angkatan Laut Républik Indonésa, Pa Éddy jadi Kepala Staf Operasi V, ngawengku Bagian Perencanaan ALRI. Terus jadi Pingpinan Pendidikan Opsir Kalibakung; anu mibadan pancén meuseuh paracalon prajurit Angkatan Laut anu bisa diandelkeun.
Salian ti éta, Pa Éddy ogé kungsi jadi Staf Pingpinan Pangkalan IV Tegal di Wonosobo; Kepala Jawatan Pendidikari ALRI; Kepala Staf Komando Daérah Maritim Surabaya; jeung Staf Operasi Angkatan Laut Jakarta. Éta téh jabatan anu dicangking ku Pa Éddy nepi ka réngséna Agrési Militer I.
Dumasar kana hasil babadamian Konférénsi Méja Bun¬dar (KMB), Pa Éddy kapapancénan kudu nampa hiji kapal perang ti Angkatan Laut Walanda, ngaranna HMS Morotai. Sanggeus jadi milik urang, ku Présidén Sukarno ngaranna diganti jadi Hang Tuah.
Tétéla kapal perang Hang Tuah téh jadi kareueus bangsa urang. Gedé jasana ka lemah cai, di an¬tarana baé milu numpes Pemberontakan Andi Aziz di Sulawesi jeung RMS di Maluku. Suksésna kapal Hang Tuah, tangtu baé ditangtukeun ku komandanna, nyaéta Pa Éddy Martadinata.
Marén ti dinya, Pa Éddy meunang pancén séjén. Anjeunna kudu miang ka Nagri Walanda, pikeun mawa kapal perang jenis pemburu torpédo, anu ngaranna HMS Tjerk Hiddes. Geus datang ka urang mah ngaranna diganti jadi KRI Gajah Mada. Nya Pa Éddy anu ditunjuk jadi komandanna téh.
Salaku komandan kapal KRI Gajah Mada, kalungguhanana téh leuwih luhur batan komandan-komandan kapal séjénna. Ari sababna, KRI Gajah Mada téh mangrupa kapal pingpinan ti Kesatuan Kapal Perang ALRI. Kacida diandelkeunana enggoning ngajaga pertahanan nagara urang di laut.
Karir Pa Éddy terus nérékél sarta nyongcolang. Taun 1953 anjeunna dibéré kasempetan pikeun ngaronjatkeun kamampuh jeung pangaweruhna. Pa Éddy di sakolakeun ka Amérika Serikat. Milu pendidikan di General Line School nu diayakeun ku Angkatan Laut Amerika Serikat anu katelah US Navy téa.
Lila pendidikanana téh genep bulan. Ari Pa Éddy di Amerikana téh dalapan bulan, sabab dibéré kasempetan pikeun neruskeun kana neuleuman organisasi jeung manajemen Angkatan Laut Amerika Serikat, salila dua bulan. Éta kasempetan téh dimangpaatkeun sahadé-hadéna, anu baris dipaké pikeun ngaronjatkeun ajén jeung kamampuh angkatan laut nagara urang.

Mairan ku Google
Mairan ku Facebook