Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Laksamana Laut R.E. Martadinata, Bapa Angkatan Laut Indonesia (I)

JENENGAN lengkepna mah Laksamana Laut Radén Éddy Martadinata. Anu matak sok disingget jadi LL RÉ Martadinata. Anjeunna téh salasaurang Pahlawan Nasional, anu asalna ti kalangan Angkatan Laut. Upama nilik kana bibit-buitna, anjeunna téh pahlawan anu asalna ti Jawa Barat.

Pa Éddy téh pituin urang Sunda. Lahir di Bandung, tanggal 29 Maret 1921. Ramana Radén Ruhiyat Martadinata, ari ibuna Nyi Radén Suhaémi. Duanana oge wedalan Tasikmalaya, ngan béda kacamatan. Ramana ti Cisayong, ari Ibuna ti Indihiang.

Duanana mibanda kasang tukang anu sarua, nyaéta lingkungan menak anu taat kana agama. Anu matak Pa Eddy Martadinata mah, salian ti meunang atikan di sakola téh, atikan agamana oge kuat deuih. Waktu mancén tugas di Angkatan Laut, Pa Éddy remen jadi imam atawa hotib ari juma'ahan di lingkungan kantorna.

Cita-citana jadi palaut geus tumuwuh ti keur jaman sakolana kénéh. Nu matak saréngséna ti AMS téh, nyaeta sakola satingkat SMA di Jaman Walanda, nya neruskeun ka Zeevaat Technische School alias Sakola Téhnik Pelayaran. Satingkat jeung akademi mun ayeuna mah.

Hanjakal, Pa Éddy teu bisa ngaréngsékeun sakolana Ari sababna, kapegat ku Perang Pasipik. Tentara Jepang asup ngeréh Pulo Jawa. Harita loba sakola anu tutup atawa ditutup. Salian ti harénghéng téh, kaayaan kacida weritna. Komo Sakola Tehnik Pelayaran mah tempat Pa Eddy nyuprih élmu, ditutup ku Jepang.

Bari ngadagoan sakolana dibuka deui, tamba nganggur teuing Pa Éddy digawé di Kantor Besar Karéta Api Bandung. Tapi digawéna ogé henteu lila. Sabab, basa aya béja yén Jepang muka sakola pelayaran pikeun rayat Indonésia, Pa Éddy milu daptar ka éta sakola.

Pa Éddy kaluar ti pagaweanana. Sup ka Sekolah Pelayaran Tinggi (SPT) di Jakarta, anu dikokolakeun ku Jepang. Pa Éddy ditarima jadi siswa tingkat lanjutan, sabab saméméhna kungsi meunang pangajaran di Sakola Téhnik Pelayaran téa.

Kamampuhna nyangkem basa Walanda, basa Inggris, jeung basa Jepang, gedé pangaruhna kana pangajaranana di SPT. Katambah ku resep maca deuih, munasabah upama Pa Éddy jadi siswa anu pangnyongcolangna di kelasna téh.

Nu matak, satamatna ti SPT, Pa Éddy ditarik jadi guru bantu di SPT. Malah saterusna mah kapapancénan jadi nakoda kapal latih Dai-28 Sakura Maru. Pancénna nyaéta ngalatih parasiswa SPT, anu umumna bangsa urang.

Bungah ku hiji ku dua meunang éta pancén téh.  Kahiji, luyu jeung cita-citana. Kaduana, bungah lantaran bisa ngalatih parapamuda bangsana sorangan pikeun jadi palaut anu tanggoh. Palaut anu bisa diandelkeun ka hareupna.

Pa Éddy yakin pisan, hiji mangsa mah bangsana téh bakal leupas tina genggeman Jepang. Tangtu baris mikabutuh palaut-palaut bangsana sorangan anu bisa dianduelkeun, boh pikeun kapentingan angkutan boh pikeun kapentingan kaamanan.

Apan nagara urang téh nagara maritim, nagara anu dua-pertiluna diwangun ku laut. Pikeun patalimarga antarpulo, mikabutuh palaut-palaut anu tanggoh. Kitu deui pikeun ngamankeun nagara, utamana ti pihak-pihak anu boga karep ngacowkeun jeung ngabinasa nagara urang.

Kurang leuwih sapuluh bulan Pa Eddy mancén tugas di kapal Jepang Dai - 28 Sakura Maru téh. Dina awal Agustus 1945, dina mangsa bangsa urang tatan-tatan pikeun nyanghareupan kamerdékaan, Pa Éddy ngécagkeun pancénna.

Nyambung ka bagean II

Kenging Kang Budi Rahayu Tamsyah
 
    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook