Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Ditulis Tangan


JANG Emod teh juru ketik di kantor Dikbud. Ari pamajikanna sok nyiar tambahan balanja tina wawarungan di hareupeun imah. Najan geus boga budak dua, umur 5 taun jeung 3 taun, tapi duanana tembong pada geugeut bae.  Malah maranehna boga isyarat khusus upama rek boga hajat teh. Supaya teu kabaca ku barudak, cek Jang Emod. Eta isyarat teh hiji poe digunakan.

Harita teh ba’da magrib. Jang Emod gogoleran dina korsi bari nongton TV. Ari pamajikanna sibuk ngaladenan nu balanja. Acara TV teh pinuh ku sinetron. Jang Emod terus mindah-mindah chenel, neangan acara nu alus. Tapi berekah teu manggih nu cocok. Antukna remot teh dipanteng dina salah sahiji stasiun tv anu keur nyiarkeun lagu-lagu. Pas nu duputer teh lagu barat. Lagu hip hop cek barudak jaman kiwari mah. Nu nyanyinya lalaki negro diiringan ku panari latar anu sareksi.Nempo gutak-gitekna panari latar anu make rok mini teh, Jang Emod ujug-ujug timbul birahi. Waduh-waduh.

“Lin, kadieu geura, bapa miwarang.” pokna ngageroan budakna nu gede anu keur anteng ngagambar.

Lina hudang, ngadeukeutan.

“Yeuh pang nyarios keun ka ema. Ema hoyong ngetik kituh. Ema piwarang nyandak pitana ka kamar,” cek Jang Emod. Lina ungeuk. Loes we.

Calakan memang budakna teh. Teu lila geus jol deui.

“Engka heula saurna pa. Emana nuju sibuk,” pokna.

Kang Apud camberut. Perasaannya geus teu ngareunah. Koloyong ka kamar. Dug ngedeng, tapi kalah guling gasahan. Los ka kamar mandi. Uluketek lila pisan. Basa kaluar ti kamar mandi, jebul Lina ti warung mamawa bungkusan snack.

“Pa saur ema pang mantuan keun nutup warung supados pitana tiasa cepet diangggo,” cenah bari sungut pinuh ka dahereun.

Jang Emod camberut.

“Ah telat. Bejakan ke ema, ketikanna ge geus ditulis tangan,” pokna baru bus deui ka kamar.

Basa pamajikanna ngadenge omongan eta ngaliwatan Si Lina, langsung gogodeg.

“Dasar bapa maneh mah taya kasabar,” pokna bari rada hanjakal.

    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook