Paméntah Hindia Walanda nyaho, yén gerakan Bagus Rangin téh tacan bener-bener bisa diungkulan. Ibarat seuneu dina durukan huut, anu sawaktu-waktu bisa ngagedur deui. Anu matak satékah-polah ngusahakeun, sangkan gerakan Bagus Rangin téh bener-bener pareum.
Walanda ogé apaleun kana bibit-buit baruntakna Bagus Rangin téh. Pikeun mareumkeunana, teu cukup ku dilawan ku senjata baé. Nya teu kungsi lila ti harita, Pamaréntah Hindia Walanda ngayakeun perjangjian jeung Sultan Sepuh katut Sultan Anom, dua Sultan Cirebon.
Eusina éta perjangjian téh, di antarana, Raja Kanoman anu dibuang ka Ambon, dipulangkeun deui ka Cirebon sarta dijungjung lungguh jadi sultan. Salian ti éta, urang Cina teu meunang cicing di désa-désa. Sakabéh pajég anu jadi kabeubeurat rahayat dileungitkeun, sarta sultan teu meunang meres ka rahayatna.
Tapi éta perjangjian téh henteu bisa mareumkeun perjoangan rahayat Jatitujuh jeung sabudeureunana. Komo sanggeus Gupernur Jéndral Wiese diganti ku Daendels mah. Daendels ngarecah Kasultanan Cirebon. Malah saterusna mah daérah Cirebon téh dijieun milik Pamaréntah Walanda. Sultan dijieun pagawé negri anu digajih ku pamaréntah.
Raja Kanoman, anu geus jadi Sultan Cirebon, teu panuju kana éta aturan. Tanpa tedeng aling-aling nembrakkeun kateupanujuna ka pamaréntah Hindia Walanda. Ku lantaran dianggap ngalawan pamaréntah, Raja Kanoman dipocot tina kalungguhanana, diganti ku nu séjén, anu nurut kana kahayang Walanda.
Tindakan Daendels kitu téh, ngalantarankeun rahayat Cirebon marudah deui. Raja Kanoman kacida dipikacintana ku rahayat Cirebon. Raja Kanoman dianggap pamingpin anu gedé wawanén pikeun merjoangkeun nasibna. Akibatna, nya ngagedurkeun deui sumanget perjoangan rahayat di sawatara daérah, anu tadina rék pareum.
Bagus Rangin ogé henteu tinggaleun. Terus baé mepek balad deui. Henteu lila, jeung henteu hésé deuih. Dina waktu anu sakeudeung ogé geus kumpul puluhan rébu anak buahna. Urut anak buahna tiheula, ditambah ku anak buah alanyar anu teu resepeun kana tindakan pamaréntah Hindia Walanda.
Ayeuna mah tujuan gerakan Bagus Rangin téh teuwih jembar deui. Lain baé pikeun merangan kateuadilan kaom penjajah jeung anték-antékna, tapi pikeun ngadegkeun nagara anyar. Nagara anu mandiri, anu henteu gumantung ka Walanda. Karajaanana rék dingarananan Nagara Panca Tengah. Ari piseur dayeuhna di Bantarjati. Rajana, Bagus Rangin.
Mireungeuh galagat kitu, Walanda ogé henteu cicingeun. Terus baé ngeprik pasukanana. Boh pasukan Walanda, boh pasukan parabupati anu biluk ka Walanda. Pasukan Bagus Rangin dikepung ku éta pasukan gabungan Walanda jeung anték-antékna téa.
Ayeuna mah balad Walanda téh jumlahna leuwih loba batan perang anu munggaran. Sababna, salian ti parabupati ti wewengkon anu deukeut ka Jatitujuh, ditambahan ku pasukan Mangkunegara ti Solo, pasukan-pasukan ti Kabupatén Cianjur, Bogor, jeung Limbangan.
Gubernur Hindia Walanda nunjuk Bupati Sumedang, Surialaga, anu katelah Pangéran Kornél, pikeun ngaluluguan numpes Bagus Rangin. Ari Bagus Rangin dibantuan ku kapetenganana saperti Bagus Serit, Buyut Merat jeung Buyut Déisa. Nadah pangrurug balad Walanda di Bantarjati.
Der perang rongkah. Ku lantaran éléh loba jeung éléh tohaga senjatana, pasukan Bagus Rangin kadéséh. Sawaréh beunang ditangkep, sawaréh deui bisa lolos. Bagus Rangin terus ngalolos, nyumput di hiji tempat, di daérah Pangayonan ayeuna. Di dieu mepek balad deui. Tapi pihak Walanda terus ngadéséh pasukan Bagus Rangin, nepi ka Kampung Sindang.
Operasi militer pasukan Pamaréntah Kolonial diteruskeun ka désa-désa anu dijieun penyumputan ku balad Bagus Rangin. Anu kapanggih ditangkepan sarta dibanda. Teu bisa hojah, lantaran pasukan Walanda jumlahna leuwih loba. Ahirna, Bagus Rangin ogé katangkep di Panongan, tanggal 27 Juni 1812.

Rengse
Kenging Kang Budi Rahayu Tamsyah
Mairan ku Google
Mairan ku Facebook