HARITA, rahayat Palimanan nu perenahna antara Jatitujuh jeung Majaléngka, mimiti baruntak ngalawan paragegedén di daérahna. Anu jadi sababna, wewengkon anu dicicinganana diséwakeun ku bupati ka bangsa Cina. Sakumaha biasa, bangsa Cina meres rahayat ku rupa-rupa pajeg.
Rahayat Palimanan minangsaraya jeung ménta bongbolongan ka Bagus Rangin. Ari sababna, Bagus Rangin téh geus dianggap pamingpin maranéhna. Bagus Rangin nyaluyuan kana tujuan gerakan rahayat Palimanan, anu hayang bébas tina panindes bangsa deungeun.
Ceuk Bagus Rangin, anu wajib pangheulana dipaténi téh Bupati jeung Wakil Residén Walanda. Sabab dina seuhseuhanana mah, maranéhna anu ngalantarankeun rahayat sangsara balangsak téh. Apan manéhna anu nyéwa-nyéwakeun désa ka bangsa Cina téh. Leuwihna ti éta, maranéhna deuih anu ngabéking bangsa Cina pikeun ngajalankeun usahana bari meres rahayat.
Rahayat Palimanan karumpul di imah Bagus Rangin di Bantarjati. Datang kana waktuna, rahayat téh ngaleut ngeungkeuy ngarurug Kota Palimanan, dipingpin ku Bagus Serit, adina Bagus Rangin. Palimanan dikepung ku rahayat, pendopo kabupatén diburak-barik.
Ti dinya rahayat ngajorag Wakil Residén Walanda di imahna. Teu bisa mangga pulia, Wakil Residén dipaténi. Kitu deui imah-imah pangagung anu dianggap biluk ka Walanda, dikepung wakul buaya mangap. Henteu saeutik pangagung anu ditelasan harita kénéh. Ari anu salamet, kalabur ti Palimanan, ngalolos ka Cirebon.
Malah bangsa urang ogé, anu dianggap mata-mata Walanda atawa raket jeung kaom kolonial mah loba nu dipaéhan. Geus puguh ari imah sakur urang Cina mah, loba anu kari urutna. Diduruk. Kitu deui nu nyicinganana, loba nu tinggal ngaran. Palimanan burak-barik. Seuneu ngagugudag ngahuru imah di ditu-di dieu.
Sanggeus ngarurug Palimanan, rahayat balik deui ka salemburna-saIemburna. Sawaréh aya anu terus ngagabung jeung pasukan Bagus Rangin. Beuki lila, beuki loba baé anu ngagabung ka Bagus Rangin téh. Kaasup urut anak buah Raja Kanoman anu dibuang ka Ambon téa.
Pasukan Bagus Rangin, datang ti mana ti mendi. Aya nu ti Subang, Karawang, Sumedang, Indramayu, Majaléngka, Cirebon, jeung Kuningan. Cicirén yén gerakan Bagus Rangin téh lega ambahanana. Anu matak kitu téh lantaran gerakan Bagus Rangin luyu jeung kereteg haté umumna rahayat anu keur katideresa.
Mémang, perjoangan Bagus Rangin meunang sokongan ti rahayat di ditu, di dieu. Anu henteu milu jadi anggota pasukan, ngarojong ku rupa-rupa cara. Aya anu nyokong ku tanaga, senjata, atawa bekel anu mangrupa duit jeung kadaharan. Anu méré sokongan moril ogé henteu kurang-kurang deuih.
Malah aya sawatara gegedén ti éta daérah anu ngarojong kana perjoangan Bagus Rangin. Utamana mah nyadiakeun senjata-senjata kayaning bedil, mariem, jeung sajabana. Ku lantaran kitu, munasabah wé upama pasukan Bagus Rangin téh ngajanggélék jadi pasukan anu tohaga.
Pamaréntah Hindia Walanda boga anggapan gerakan Bagus Rangin téh baris ngabahayakeun kana kakawasaanana. Pamaréntah Hindia Walanda di Batawi nugaskeun Nicolaes Engelhard mingpin pasukan Hindia Walanda pikeun num¬pes perjoangan Bagus Rangin.
Éta pasukan Walanda téh dibantuan ku pasukan ti Bangkalan Madura, nu dipingpin ku Mangkudiningrat. Salian ti eta, sultan jeung bupati nu daérahna aya di sabudeureun tempat Bagus Rangin bajoang, diparéntah kudu ugirimkeun pasukan, mantuan pasukan Walanda.
Bupati anu ngirimkeun pasukanana pikeun man¬tuan Walanda téh nyaéta Bupati Sumedang, Subang, Karawang, jeung Cirebon. Éta pasukan téh kabéh ngambreg ngarurug pasukan Bagus Rangin di puseurna, nyaéta di wewengkon Bantarjati, Jatitujuh. Der wé atuh perang rongkah.
Akibat tina peperangan anu lumangsung mangbulan-¬bulan, loba korban jiwa ti dua pihakanana. Lolobana anu korban téh bangsa urang-bangsa urang kénéh. Ari sababna, anu kudu disanghareupan ku Bagus Rangin téh pasukan anu dibawa ku parabupati pikeun mantuan Walanda. Ari bangsa Walandana mah ngan sababaraha urang baé. Nyaéta anu jadi pamingpinna.
Ku lantaran éléh loba jeung éléh tohaga senjatana, lila-lila mah pasukan Bagus Rangin téh kadéséh. Pasukan Bagus Rangin bisa ngalolos tina kepungan pasukan Walanda jeung parabupati anu biluk ka Walanda. Terus nyarumput, sarta pikeun sawatara waktu mah ngeureunan gerakanana.

Nyambung Ka Bagean III
Kenging Kang Budi Rahayu Tamsyah
Mairan ku Google
Mairan ku Facebook