Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Lalab: Peuteuy Sélong

Ngaran ieu lalab: Peuteuy Sélong.  Disebut peuteuy, da memang rupana jiga peuteuy, ngan leuwih leutik.  Ari Sélong, bisa jadi tina Seylon (Cylon) atawa Srilangka.  Ari bahasa Malayu-na mah Lamtoro atawa Petai Cina.  Ari ngaran ilmiahna Leucaena glauca atawa Leucaena leucocepala.

Peuteuy Sélong téh salah sahiji lalab geus teu bireuk deui jang umumna Urang Sunda mah. Ieu lalab kaasup tutuwuhan tangkal nu teuas. Jangkungna bisa nepi ka 20 méter.  Warna kulit tangkalna abu-abu geuneuk rada coklat, dahan jeung régangna rekah ngarandakah.

Daunna kaasup daun nu majemuk atawa loba. Ngarangkep pahareup-hareup dina susunan simetris.  Kembangna disebut pendul. Pendul mangrupakeun gundukan kembang pibuaheun éta peuteuy, nu ngawujud buleud.

Buahna kaasup kakacangan (polong), manjang tur ipis. Panjangna kurang leuwih 12-26 séntiméter, rubakna 2 séntian. Buahna nu ngora warnana héjo, lamun geus rada kolot tur beuneur ngajadi semu coklat.  Ilaharna urang Sunda buah peuteuy sélong sok dipake lalab.  Boh sikina tina peuteuy nu geus kolot atawa peuteuyna nu masih kénéh ngora. Siki buahna bisa pikeun bahan angeun atawa pasakan séjénna, misalna buntil. Kadang aya ogé nu sok digoréng atawa dilalab atah.

Biasana nu sok dikonsumsi nyaeta siki buahna nu geus kolot atawa buahna nu masih kénéh ngora (hapa).  Siki peuteuy sélong meunang mesékkan, dipurulukkeun kana sangu haneut, atawa dicomot saacan dihuapkeun. Dikonsumsi jeung beuleum peda beureum atawa pindang tongkol. Diémbohan ku sambel tarasi. Geus pasti nikmatna.

Ari buahna nu masih kénéh ngora, biasa sok dipaké pikeun lalab atah coél sambel, atawa bahan rujakeun.

Ceuk béja ceunah ngonsumsi peuteuy sélong téh loba hasiatna keur ubar cacingan jeung nambah tanaga pikeun lalaki.
    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook