Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Sajarah Sumedang Ti Jaman Kumpeni Tug Nepi Ka Kiwari (17)

Dina mimiti taun 1831, Patih Sumedang Raden Demang Natanegara mundut liren, gentosna Biskal Sumedang (angkatan Mei 1824) Raden  Aria Soerialogawa putra Dalem talun ti raden Ayu Kamsiah, saderek Dalem Adipati Enoh Cianjur. Dina taun 1832 Patih Sumedang Raden Aria Soerialogawa nampi gelaran Tumenggung, jadi Raden Tumenggung Soeriadilaga.

Dina tanggal 9 September 1831 Bupati Limbangan Raden Adipati Adiwidjaja, putra Pangeran Kornel nu pangsepuhna di Garut, pupus sarta tug ka kiwari nelahna dalem Cipeujeuh. Nu ngagentos kana Bupati Limbangan putrana cikal Raden Aria Djanegara, Patih Limbangan, diangkatna ku bisluit resolutie tanggal 18 October 1831 nampi gelaran Tumenggung jadi Raden Tumenggung Koesoema Adiningrat (Kusuma Adiningrat).

Kana Patih Limbangan anu diangkat Kapala-cutak Pasanggrahan Raden Wiranagara putra Bupati Cianjur Adipati Wira Tanoe Datar (Dalem Enoh) nu kakasihna keur murangkalih Aom Abas, dikukut ku Pangeran Kornel.

Panuhun para wargi Sukapura ku resolutie 18 October 1831 dikabulkeun, Kabupaten Sukapura dihudangkeun deui sarta dijieun tina distrik-distrik anu diasupkeun ka wewengkon Limbangan nyaeta Batuwangi, Panyeredan, Taraju, Sukapura, Selacau, Parung, Karang jeung Nagara. Ieu 8 distrik di pakidulan diheuyeuk ku Bupati Sukapura pansiun nu ayeuna diangkat deui kana Regen Sukapura kaopat kalina, nu salamina liren jadi wakil regen Limbangan, kalawan tetep ngagem gelaran jeung jenengan nu ayeuna nya eta: Raden Tumenggung Wiradadaha, mantu Pangeran Kornel, caroge Raden Ajeng, tilas Dalem Kaum Bandung, ayeuna jenenganana Raden Ayu Radjaningrat.

Dina taun 1832 di Krawang timbul barandal urang Tionghoa, nu maehan tuan Macklot, Amtenar Gupernemen nu keur dipapancenan mariksa leuweung-leuweung. Ieu barandal ditumpesna, bejana ku urut senapati Pangeran Ario Diponegoro, Pangeran Sentot Alibasah Prawiradirdja.

Ku bisluit 22 April 1833 Bupati Cianjur  Raden Adipati Prawiradiredja (Dalem Kaum) mundut liren lantaran teu damang, teras dipansiun, diganti ku putrana Raden Tumenggung Wiranagara, putra Dalem Adipati Enoh tea, anu kakasihna keur murangkalih Aom Abas, ngan teu kamanah.

Dina tanggal 14 Augustus 1833 tuan Residen Priangan unjukan ka tuan Besar, yen Bupati Sumedang, Raden Adipati Koesoemajoeda di Indihiang ngadak-ngadak pupus, ngaluga-lugakeun getih, nilarkeun putra pameget dua, nu nembe disepitan tilu bulan katukang. Nu cikal kakasihna Raden Ahmad, ana dilandi bada diberesihan: Raden Somanagara, ngan so kdiserat Soemanagara (Sumanagara). Nu burey jenenganana Raden  Moehamad (Muhamad) dilandi Raden Prawirakoesoema (Prawirakusuma) engkena gentos deui kakasihna, Raden Koesoemajoeda, ngalap jenengan rama. Putra pameget katilu Raden Moestapa (Mustapa), nalika ramana pupus teh, di lebet wewetengan keneh. Putra istri nu ditilar aya genep. Raden Soemanagara yuswana nembe 16 taun.
    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook