Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Sajarah Sumedang Ti Jaman Kumpeni Tug Nepi Ka Kiwari (23)

Raden Aria Martanagara diangkat kana Bupati Bandung ku G.B. 27 Juni 1893 dipansiun ku G.B.tanggal 14 October 1918, ganjaran-ganjaran anu katampi:  Bintang Emas G.G.S. 27 Augustus 1900; Bintang Siam: S.K.O.; K.B.15 Maart 1902; Aria: G.B. 15 Augustus 1903; Adipati: G.B.19 Augustus 1906; Songsong kuning (Geele Songsong-G.S..) – G.B.: 26 Augustus 1909. Pupus di Sumedang tanggal 2 September 1926.

Bupati Sukapura dilirenkeun, katarik kana perkawis nu jadi putra Wadana Mandala Raden Danoeningrat, kalepatan ku sabab gara-gara miwarang ngala kai ti leuweung tutupan, pikeun ngadangdosan bumi kalangenan nu jadi rama di Kertasari (G.B. 28 October 1875).

Ku G.B. tanggal 29 November 1875 diangkat kana Bupati Sukapura, saderekna (patih Sukapura) Raden Demang Danoekoesoema, nampi gelaran Tumenggung jujuluk Raden Tumenggung Danoekoesoema. Kana Patih Sukapura diangkat Wadana Ciawi Raden Soeria Atmadjaputra Bupati Sumedang, sabisluit sareng angkatan Bupatina.

Ku bisluit tanggal 18 December 1877 jeung 28 April 1878 diidinan gentos jenengan dua regen, nyaeta Bupati Limbangan jujuluk Raden Tumenggung Aria Wira TanoeDatar, ngalap jenengan karuhun para Bupati Cianjur, jeung Bupati Sukapura jujuluk raden Tumenggung Wira Adiningrat.

Ku bisluit tanggal 30 Augustus 1878 Patih Garut Raden Demang Adiwidjaja dipansiun, saderek garwa patih Sukapura di Manonjaya Raden Soeria Atmadja. Mantenna putra Pangeran Sumedang,  dibabarkeun di Sumedang dina tanggal 11 Januari 1851, keur murangkalih kakasihna Aom Sadeli, ku G.B. tanggal 13 Maart 1879 nampi gelaran Rangga. Ku G.B. tanggal 23 October 1880 dialihkeun kana Patih-apdeling Sukapura-kolot, dayeuhna Mangunreja, ngagentos Raden Demang Soeria nataningrat (nu dialihkeun kana Bupati Lebak, dayeuhna Rangkasbitung, pupus taun 1908, Putra Hoofd-panghulu Agung Limbangan Raden Haji Moehamad Moesa).

Ku G.B. 4 Maart 1908 Raden Adipati Soeria Nataningrat digentos ku putra Raden Adipati Aria Soeriadipoetra, nu ku G.B. tanggal 16 Maart 1925 pindah ka sanes wargi, margi mantenna teu puputra.

Waktu timbul bentang kukus pucuk tilu dina poe Jumaah tanggal 22 September 1882, Pangeran Soeria Koesoema Adinata Bupati Sumedang geus cunduk ka waktu datang mangsa nepi kana dihin pinasti tilar dunya, pupus di padaleman Sumedang. Tina sabab sugih putra, sugih dunyabrana, nelahna ogenepi ka ayeuna Pangeran Sugih. Nu ngaluuhan waktu pupus, putra mantu kaponakan Patih Sumedang raden rangga martanagara, diangkat kana Patih tina Wadana kota Sumedang ngagentos patih Sumedang Raden Demang Satjadipradja nu ku bisluit tanggal 9 Februari 1884, mundut pansiun teras bumen-bumen di kampung Sayang Sumedang. Eta teh eyang R.T.A. Hassan Soemadipradja Bupati Batawi ayeuna.

Nu kaselir jumeneng Bupati Sumedang (bisluit Gupernemen tanggal 30 Desember 1882) Raden Rangga Soeria Atmadja Patih-apdeling Sukapurakolot lain putra pangbarepna Pangeran Soeria Koesoema Adinata, da putra cikal mah Patih-apdeling Tasikmalaya Raden Demang Somanagara ku Pamarentah Agung teu kamanah.

Moal panjang-panjang dipicatur, kumaha Bupati Sumedang anyar ngolahna nagara, marentah ka somah-somah, makihikeun abdi-abdi, kurupa-rupa ganjaran ti Pamarentah nu ku mantenna katampi oge, nu bakal ditataan dihandap ieu, geus kanyahoan gede jasana pikeun abdi-abdi urang Sumedang jeung Gupernemen Hindia.
    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook