Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Sajarah Sumedang Ti Jaman Kumpeni Tug Nepi Ka Kiwari (22)

Sakabeh Bupati Priangan pada nampi “tevredenheidsbetuiging” ti Gupernur-Jendral (surat tawis suka). Bupati Sumedang nampi gelaran Pangeran, ari Bupati Bandung nampi Bintang Nederland, nu disebut Ridder in de Ordevan den Nederlandschen Leeuw (Bintang Leo), nu matak tug nepi ka ayeuna nelahna : Dalem Bintang Bandung. Itu nugraha-nugraha diatur ku bisluit Gupernemen 11 Juni 1871.

Sareres Reorganisasi pamarentahan tanah Priangan, ieu, karesidenan Priangan dibagi 9 apdeling nu diparentah ku Asisten residen. Eta apdeling-apdeling teh aya nu ngahiji jeung kabupaten, aya nu diheuyeuk ku Patih-apdeling (Zelfstandige-Patih).  Harkat jeung kakawasaan nu jadi regen ku ieu aturan anyar, kacida nyirorotna, wewengkon bawahan ngurangan, sabab Patih-apdeling saterangna dina ngaheuyeuk nagara teu kabawah ku anu jadi Bupati anu tadina ngawengku eta apdeling anyar. 

Kakawasaan marentah pindah ka anu jadi Asisten residen. Eta nu 9 apdeling teh nyaeta:
  1. Apdelng Bandung (kabupaten Bandung) dayeuhna Bandung: Bupatina Raden Adipati Wira Nata Koesoema (angkatan bisluit tanggal 27 Juli 1846) jujuluk Raden Tumenggung Kartanagara ku Gouvernement besluit (G.B.), 29  Augustus 1846 jenengan Raden Tumenggung Soeria Karta Adiningrat, sarta ku G.B. 5 Juli 1857 nampi gelaran Adipati jujuluk Raden Adipati Soeria Karta Adiningrat, ku G.B. 25 Augustus 1857 gentos jenengan jujuluk Raden Adipati Wira Nata Koesoema, ku Firman Sri MahaRaja Nederland (Koninklijk besluit –K.B.) 7 Augustus 1871: Ridder in de Orde van den Nederlandschen Leeuw. Patih Kabupaten Bandung Raden Rangga Koesoemadilaga.
  2. Apdeling Cicalengka, Patihna Raden Demang Wiradikoesoema, dayeuhna Cicalengka.
  3. Apdeling Cianjur (kabupaten Cianjur): Bupatina Raden Tumenggung Prawiradiredja (angkatan G.B. 24 Augustus 1864), ngagentos rama Raden Adipati Aria Koesoema Ningrat, dayeuhna Cianjur. Patihna Raden Aria Wiriadiredja.
  4. Apdeling Sukabumi: Patihna  Raden Rangga Wangsaredja, Dayeuhna Sukabumi.
  5. Apdeling Limbangan (kabupaten Limbangan) dayeuhna Garut: Bupatina Raden Adipati Soeria Nata Koesoema, ku G.B.8 November 1852 jadi Raden Adipati Wira Tanoe datar, ku bisluit (A.D.) 29 Maart 1853 dilandi jadi Raden Adipati Soeria Nata Koesoema. Patihna Raden Rangga Adiwidjaja.
  6. Apdeling Sukapura (kabupaten Sukapura), dayeuhna Manonjaya: Bupatina Raden Tumenggung Wira Tanoe Baja IV, angkatan G.B. 15 Augustus 1855, mantu Bupati Sumedang Pangeran Soeria Koesoema Adinata. Patihna Raden Rangga Danoekoesoema.
  7. Apdeling Sukapura-jkolot, Patihna Raden Prawirakoesoema (Putra Hup-panghulu Limbangan: Raden Haji Moehamad Moesa), dayeuhna Mangunreja.
  8. Apdeling Sumedang (kabupaten Sumedang), dayeuhna Sumedang : Bupatina Pangeran Soeria Koesoema Adinata. Patihna Raden Demang Satjadipradja.
  9. Apdeling Tasikmalaya: patihna Raden Rangga Somanagara putra cikal Bupati Sumedang.

Ari distrik-distrik kabupaten Sumedang dina taun 1871 nyaeta: 1. Tanjungsari 2. Sumedang (kota), 3. Darmaraja, 4.Cibeureum, 5.Conggeang, 6.Darmawangi; legana wewengkon Kabupaten nepi ka ayeuna jigana tetep wae. (nu 4. Patih-lulurah).

Dina bulan Mei 1871 Bupati Limbangan Raden Adipati Soeria Nata Koesoema pupus, diganti ku putra pameget cikal (Onderkolektor Garut) Raden Rangga Wiranagara tea, ku bisluit tanggal 11 Juni 1871 diangkatna kana Bupati Limbangan nampi gelaran Tumenggung, jujuluk Raden Tumenggung Wiranagara.

Dina bulan September 1874 Bupati Bandung Raden AdipatiWira Nata Koesoema R.O.N.L. pupus, sarta ku bisluit tanggal 28 October 1874 diangkat kana Regen Bandung ngagentos anu wapat tea saderekna, Patih Bandung Demang Koesoemadilaga, nampi gelaran Tumenggung, jujuluk Raden Tumenggung Koesoemadilaga. Pupusna di Bandung, gelarana Adipati, Bintang Emas (Groote Gouden Ster – G.G.S.) dina tanggal 7 April 1893, digentos kana Bupati Bandung ku Patih-apdeling Sukapura-kolot (Mangunreja) Raden Aria Martanagara, asal Patih Sumedang, ngagentos saderek misan, nu kaselir ka Sumedang jumeneng Bupati Raden Rangga Soeria Atmadja.
    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook