Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Lalab: Jěngkol, Mangpaat Tur Ngeunah


Tina sakabeh lalab, ceuk kuring mah rajana teh jengkol.  Moal aya nu ngelehkeun kanikmatannana. Asakna, atahna, nu kolot, nu ngora, sarua bae nikmat.   Di handap ieu aya tulisan Kang H. Usep Romli HM ngeunaan Jengkol nu dimuat dina SKM Galura, Edisi III Januari 2015.  Mangga... 

Moal aya nu bireuk kana jěngkol. Sabab mangrupa buah nu pada mikaresep keur deungeun sangu. Jěngkol, boh nu ngora, boh nu kolot, bisa didahar atahan. Dipakě lalab coěl sambel.Bisa ogě diasakan, makě rupa-rupa bumbu. Ti mimiti urab nepi ka semur jeung rendang.

Ieu buah nu basa ilmiahna Archidendron pauciflorum, tumuwuh subur di pakebonan jeung pasir-pasir. Para patani běh ditu, getol ngahajakeun melak jěngkol, lantaran akarna bisa dipake nahan taneuh sangkan teu uruy (erosi). Atuh buahna bisa didahar di sagigireun dijual kalawan harga lumayan mahal. Malah dua taun ka tukang mah,kabějakeun harga jěngkol ngungkulan harga daging sapi.

Hanjakal ka dieunakeun, ětangkal jengkol dibabad. Diganti ku pelak tatangkalan sějěn nu cenah leuwih boga ajěn ěkonomis. Saperti kai jabon atawa jati bodas. Ngan leuheung ari dipelakan kai deui mah, bisa kěněh dimalum. Nu matak hanjelu, rěa tangkal jengkol dibabad, pangpangna di kebon nu deukeut ka jalan gedě, lahanna diadegan perumahan atawa minimarkět.

Dahar jěngkol, matak ngahudang ponyo kana barang dahar. Komo jěngkol ngora nu rangu kěněh. Ari nu kolot, disebut “sepi”, sok diruang heula dina taneuh. Amběh teu pengar teuing karasana.

Rěa nu hariwang dahar jěngkol. Sok sieu katerap “jěngkoleun”. Nyeri kiih, lantaran cikiih ngadadak kentel jiga cipati. Keur ngungkulanana, dahar jěngkol kudu dibarengan ku nu hanyir-hanyir. Upamana baě, lauk asin atawa lauk baseuh.

Di sawatara tempat pasisian, Kab.Garut, aya “kuliněr” lokal nu matak kalandep. Nyaěta jěngkol ngora dipěkprěkan, terus diděangkeun kana seuneu. Ĕta jěngkol nu geus “dibeuleum děang” dicoělkeun kana sambel (coběk) mujaěr. Sanguna, běas huma nu pulen tur seungit.

Ari jěngkol kolot, karěrěanana tara didahar atahan.Tapi dipolah heula. Digorěng, atawa disemur. Malah ka běh dieunakeun kasohor pasakan jěngkol dibumbuan rendang atawa balado. Jadi “rendang jěngkol”, “balado jěngkol”.

Di sagigireun ngahudang napsu dahar, ngahudang kanimatan dahar, jěngkol ogě mangpaat keur nyegah atawa ngubaran panyakit. Di antarana, nyegah diabětes. Malah dina sawatara publikasi “on-line”, dipedar rupa-rupa mangpaat jěngkol keur kasěhatan. Di antarana,nyegah panyakit aněmia (pikun), anti oksidan alami, nyageurkeun tatu, ngajaga kakuatan tulang , jeung ngarěakeun fosfor nu alus keur nyěhatkeun tulang katut huntu. Sabab jěngkol beunghar ku vitamin jeung protěin nu mampuh nyegah radikal běbas dina organ awak.

Cohagna, najan bau, jěngkol těh mangpaat tur ngeunah.***

(H.Usěp Romli HM)
    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook