Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Kecap Barang Wancahan


KECAP barang wancahan diwangun ku cara mondokkeun kecap atawa kantétan kecap.  Aya rupa-rupa kecap barang wancahan, diantarana:

1)  Kecap Singgetan
    Nya éta kecap barang wancahan anu mangrupa kantétan aksara atawa engang anu diéjah masing-masing.
    Contona :
             Jeung sajabana ti éta                      ---> jsté
             Lembaga Basa jeung Sastra Sunda  ---> LBSS
             Sakola Dasar                                 ---> SD

2)  Kecap Tingkesan
    Kecap Tingkesan atawa akronim nya éta kecap wancahan anu mangrupa kantétan aksara atawa engang nu diucapkeun jadi hiji kecap.
    Contona :
             Pendidikan Nasional                  ----> Diknas
             Jalan Tol Padalarang-Cileunyi    ----> Jalan Tol Panci

3)  Kecap Tangkesan
    Kecap tangkesan atawa haplologi nya éta kecap wancahan anu diwangun ku cara ngaleungitkeun sora atawa engang nu ngaruntuy babarengan.
    Contona :
             Ceuk aing ogé                     -----> Cékéng gé
             Ceuk manéhna mah             -----> Cenah
             Déwék mah                         -----> Dékah
4)  Kecap Memet
    Kecap memet atawa réduksi nya éta kecap anu diwangun ku cara nyokot engang penting tina kantétan kecap atawa omongan.
    Contona :
             Dikira-kira sugan nyata          -----> Kirata
             Kadaharan nu amis ti jerona  -----> misro

5)  Kecap Sirnaan
    Kecap sirnaan nya éta kecap wancahan anu diwangun ku cara miceun sawatara fonem tina kantétan kecap bari teu ngarobah harti.  Kecap sirnaan ngawengku tilu rupa, nya éta :
  
    (1) Sirnapurwa (aférésis), anu ngaleungitkeun foném atawa engang mimitina tina kecap, contona :
        Ksatrya      ---> satria
    (2) Sirnamadya (sinkope), nu ngaleungitkeun foném atawa engang tengan tina hiji kecap, contona :
        banderol     ---> banrol
        koronél      ---> kornél
        lambut       ---> lamut
        sendal       ---> senal
    (3) Sirnawekas (apokope), anu ngaleungitkeun foném atawa engang tungtung tina hiji kecap, contona :
        Bénzine      ---> Béngsin
        Président    ---> Presiden

Dicutat ti Kang Pepen
    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook