Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Ngojég



Ki Lanceuk gering. Kamari kahujanan. Motorna nganggur.

"Mending ngojég batan hual-hiul kitu mah!" saur Bapa. "Lumayan. Lain hayang sapatu maén bal."

Wegah-wegah gé maksakeun. Sugan wé hasil.

Ngageuleuyeung tumpak motor. Nepi téh ka tempat mangkal geus réa batur. Kuring kabagéan tém ka dua belas, tukangeun Mang Maman. Ngahaja maké sistim ngetém ambéh teu rebutan panumpang. Ngarah walatra beubeunangan ongkoh. Nu ngaturna Mang Acéng tukang warung di dinya.

Reg angkot eureun. Saurang ibu-ibu bayuhyuh rébo ku balanjaan.

"Ka mana Si Maman?" Mang Acéng culang-cileung.
"Mayar listrik cénah," ceuk saurang.
"Lila moal?"
"Teuing atuh da teu milu uing mah," ger saleuseurian.

Mang Acéng ngarérét ka kuring.
"Manéh wé! Bisi ngantri di lokétna. Karunya panumpang."

Katempuhan buntut maung. Kuring bebenah. Balanjaan dikanamotorkeun. Pinuh tukang-hareup. Ka spion-spion digantungan bungkusan kurupuk. Si Ibu naék. Motor ngarékot. Gusti! Boa moal kuat.

"Ka Manyeti," ceuk Si Ibu.

Alah ieung jauh geuningan. Mun teu sieun malik teu suka mah asa mending teu tulus.

Mang Maman norojol terus nyampeurkeun ngaharéwos.

"Wilujeng!" cénah pikasebeleun.

Motor maju gagaléongan. Disurakan.

"Pasihan jalan-pasihan jalan! Viétkong ngalangkung!"

Sapanjang jalan babacaan sabisa-bisa. Si Ibu surti mayarna dileuwihan. Kuring rada kaupahan.

Datang ka pangkalan tuluy nyarandé kana bangku warung. Asa reuwas kareureuhnakeun.

Hiji élf eureun. Nini-nini turun. Buukna konéng nyumputkeun huis. Mang Acéng ngadeukeutan.

"Wayahna, Si Maman keur ka jamban. Nyeri beuteung cénah. Gantian deui!"

Kuring melengek. Si Nini geus nyéngclé dina motor. Ngagupayan.

"Lalaunan wé nya. Tétéh mah hariwangan," cénah ngiceupan.

"Badé ka mana, Ma?" kuring ngabirigidig.

"Ih meuni téga! Tong nyebat Ema atuh! Tétéh...," ngagadeud. "Ka Nogél, A!"

Motor distarter, Mang Maman ngurunyung. Nyampeurkeun ngaharéwos siga tadi.

"Wilujeng!" réhé. Mun teu ras saluhureun mah meuni hayang ngadegungkeun.

Motor maju lalaunan. Nu nyurakan mingkin ramé

"Pasangan serasi!"

Kuring baeud. Si Nini aluman-alimen. Gumeulis. Mending Si Ibu bayuhyuh tadi. Kajeun ripuh!

Sapanjang jalan, Nini nangkél bari tipepereket muntang kana cangkéng. Sakeudeung-sakeudeung ngajerit ogo. Ulah gancang teuing-ulah gancang teuing. Komo lamun nyorang jalan rada garinjul, meuni nangkeup pageuh naker.

Geus nepi, Si Nini embung turun. Keukeuh ménta nomer hapé. Diolo téh kalah ka beuki centil. Nu ngaliwat renya-renyu bari ngarérét. Batan éra, kuring ngéléhan. Bisi disangka nu lain-lain deuih.

Ambek kapegung ka Mang Maman. Asa diteungteuinganan. Geblus ka warung, golépak kana ambén. Beungeut dirungkup ku topi.

Mun teu diguyah-guyah Mang Acéng mah sigana kana tibra.

"Yeuh! Itu aya panumpang. Si Maman motorna mogok."
"Nu sanésna wé, Mang," kuring angger ngabebengkang.
"Nu séjén saha? Keur lalohor. Matak kérok ongkoh ari loba teuing nuncal téh," peupeuteuyan digeubig-geubig.
"Antosan nu lohor wé. Moal lami panginten," kuring keukeuh.
"Wios atuh teu kersaeun mah. Badé ngantosan nu sholat wé," cénah halimpu.

Kuring ngagurinjal. Bréh téh! Aduh éta tangtungan. Aya ku manis! Rancunit bari ngeusi. Tungkul sanggeus malédog ku kempot.

Kuring luncat. Berengbeng kana motor. Clak.

Si Kempot Mancrit ngajengjen. Api-api pundung.
"Wios teu kenging maksakeun bilih nanaon," deuh meuni ngagalindeng.
"Bilih kabujeng hujan, énggal...," kuring ngarérét.
Manéhna nyampeurkeun. Kalacat. Teu rékat-teu rékot kawas tadi ditaékan nu bayuhyuh.

Motor dipajukeun. Ngahaja nyampeurkeun Mang Maman nu keur ugal-ugil muka busi.

"Wilujeng," ceuk kuring ngaharéwos. Mang Maman seuri.

"Heueuh jung!" cénah.

Hapé disada. SMS. Panasaran.

"Ieu nomer Tétéh téa! Muach...!" Haduh...!

***
    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook

0 comments:

Post a Comment