Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Raja Jeung Doran Pacul


Kénging Tika Yuanita

Jaman baheula, aya hiji raja nandangan panyakit teu raos tuang. Rupa-rupa ubar geus dicobaan, tapi taya nu mental. Ray poé, ray poé, salira raja anu lintuh bayuhyuh téh katémbong beuki ngorotan, ngoplok kawas karung kosong baé.

Dukun-dukun ti suklak-sikluk pilemburan terus dikelun, ajar ti saban patapaan taya nu kaliwat dikemat, sagala rupa pituduhna teu weléh dilaksanakeun. Ceuk ieu kudu ku pais piritan dituang haneut-haneut batan teurak, anggur malik murel. Ceuk itu, kudu ku beuleum peda dikucuran jeruk purut jeung minyak keletik dicocol ku sangu pulen teu ngajodo kénéh baé.

Barang sakabéh nu di péntaan tulung, geus ngarasa taak, torojol aya nini-nini. Tokroh-tokroh sumolondo ka karaton.

"Unjuk pangabaktos, Nun. Nini seja ngiring nyobi-nyobi ngalandongan panyawat Kangjeng Raja". Nini-nini cedok nyembah.

"Sanggup kira-kirana, kitu nyagérkeun panyakit kaula?" Raja mencrong, nembongkeun semu cangcaya.

"Nu tiasa nyageurkeun anging Nu Maha Kawasa. Nini mah sakadar ikhtiar," walon nini-nini.

"Heug atuh. Tapi lamun gagal, lamun panyakit kaula teu cageur-cageur, anjeun ulah sambat kaniaya!"

"Sadaya-daya. Nini dongkap sanés badé milarian hukuman, nanging badé metakeun akal tarékah ngalandongan panyawat."

"Heueuh, gera prak. Naon nu dipikabutuh?"

"Doran Kaulanun!"

"Doran?”     

Gancang gulang-gulang sina néangan doran. Henteu hésé. Ma'lum di karaton, sagala nyampak. Sok dibikeun ka nini-nini.

"Ieu doran, supados dicepeng ku panangan duanana. Sing pageuh!" ceuk nini-nini.

Raja ngagugu. Kek nyepeng doran, kumaha peta nu rék macul.

"Unggal waktos kedah diulang ka luhur ka handap. Ngawitan ti barang gugah kulem. Teu kénging waka lirén upami teu acan kaluar cikaringét,"

Papagah nini-nini di turut. Unggal poé Raja ngulang-ngulang doran aya ratus kalina teu waka liren lamun késang can ngagarajag saluar awak.

“Upami atos kiat ngulang-ngulang doran bari calik, cobian bari ngadeg," ceuk nini-nini sanggeus kanyahoan Raja ngalaksanakeun sakur pituduhna.

Raja ngagugu deui. Ayeuna mah ngulang-ngulang doranna téh bari nangtung. Tempatna masih kénéh di jero karaton.Ti dinya, ngulang-ngulang doran pindah ka buruan tukang, leuwih lila jeung leuwih segut. Terus diganti ku doran maké pacul. Dicekrukkeun kana taneuh. Raja macul.

Saeutik-saeutik, napsu tuang Kangjeng Raja mimiti pulih. Unggal reureuh tas ngulang-ngulang doran, kudu baé rampus barang tuang. Sangkilang réncangna ukur uyah jeung céngék guluntungan.

"Jadi ana kitu, panyakit kami téh tina akibat kurang gerak, meureun, nya?" saur Raja ka nini-nini.

"Leres pisan, kaulanun."

Teu mangkuk dua bulan, ti barang ngamimitian nyekel doran, panyawat Raja bener-bener sirna. Raja jagjag belejag kawas bihara-bihari. Malah jadi leuwih seseg ayeuna mah. Dada ngarubakan, sepir maleungkeuran. Patuangan dayut jeung pipi cibuy ilang musna. Kalangenan pésta jeung curak-curak di karaton, kasilih ku kalangenan anyar, puncang pancong kana taneuh. Melak kekembangan ngurus patamanan ku anjeuna nyalira.

Dina hiji poé, Raja ngayakeun gempungan agung di alun-alun, sakabéh rahayat pangeusi nagara dikeprak sina kumpul. Lajeng raja biantara, "He... sakumna pangeusi nagri, boh para gegedén, boh para somah. Bandungan caritaan kami getol digawé téh matak séhat kana awak, matak jauh tina panyakit. Ku kituna, kami umajak. Hayu urang digarawe masing getol. Lantaran karéréana di urang bangsa patani. Hayu urang getol ngulangkeun doran urang soson-soson, mencug jeung macul ngagarap sawah jeung kebon. Lamun urang getol macul tinangtu urang moal kakurangan dahareun, jeung dahareun nu nyampak ladang késang urang sorangan tinangtu bakal leuwih ni'mat didaharna.

Ceuk ujaring carita, éta karajaan jadi subur ma'mur gemah ripah loh jinawi, raweuy beuweungeun, rambay alaeun. Lantaran Raja jeung rahayatna samiuk sabilulungan garetol ngulangkeun doran ngolah tanah ngurus tatanén.***
    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook

0 comments:

Post a Comment