Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Dayang Sumbi Teu Dianggap Legenda

Aan Merdeka Permana

Sangkuriang By Darth Iskander
Urang Sunda geus lila mikawanoh kana dongéng Sangkuriang anu raket patalina jeung Gunung Tangkuban Parahu. Tapi ari penduduk anu mangkuk di suku Gunung Tangkuban Parahu mah palercaya yén ieu carita lain sakadar dongeng.

Bu Rumiati (52) urang Cikolé Lémbang nyebutna ka Dayang Sumbi téh “Ibu”. Ceuk manéhna, mun aya hal-hal anu kudu dibéjakeun ka masarakat, utamana masarakat sabudeureun Gunung Tangkuban Parahu, “Ibu” sok méré ilapat.

Ké, saha Dayang Sumbi téh?

Enya, pan dina dongéng Sangkuriang, Dayang Sumbi téh biangna Sangkuriang. Basa Sangkuring keur budak, diusir ku Dayang Sumbi sanggeus sirahna ditakol ku sinduk. 

Anu jadi gara-garana, bongan geus maéhan Si Tumang.

Caritana kieu. Baréto basa Dayang Sumbi keur parawan, manéhna resep ninun di saung ranggon. 
Keur jongjon ninun, ana guluprak téh alat paragi ninun murag ka handap, atuh Dayang Sumbi bingungeun.

“Lamun aya nu mang nyokotkeun, mun saluhureun rék diaku lanceuk, mun lalaki rék diaku salaki ...”
Kadéngéeun kuSi Tumang, anjing nu satia ka manéhna. Éta alat nu disebut toropong téh digégél dibawa ka lhur, diasongkeun ka Dayang Sumbi. Dayang Sumbi reuwas lain dikieuna. Ngan geus ragrag ucap, teu bisa ditarik deui.

Atuh Dayang Sumbi kudu nedunan jangji, kawin ka anjing, tapika boga budak, Sangkuriang téa.
Da bisi wirang, ieu kajadian dirusiahkeun. Indung jeung anak, ngungsi ka leuweung gerotan da bisi wiwirang katohyan ku umum.

Di leuweung dina hiji waktu, Dayang Sumbi hayang masak ati mencek, nya nitah anakna moro, dibaturan ku Si Tumang. 

Ngan poé éta teuing ku euweuh boroeun. Bakat ku hayang mangmasakkeun ati, Si Tumang dipaéhan, atina dibawa, dibikeun ka indungna.

“Aya ku ngeunah ieu ati, naha ati naon, Sujang?” ceuk Dayang Sumbi. Mimitina mah Sangkuriang teu betus. Ngan ku sabab indungna nyebutkeun ati téh asa ngeunah pisan, manéhna balaka yén éta sabenerna ati Si Tumang.

Barang nyaho éta ati Si Tumang, atuh Dayang Sumbi ambek kacida. Sirah anakna ditakol ku sinduk tepika baloboran getih, malah diusir sapajodogan.

Pleng teu panggih-panggih salila welasan taun. Ana tepung, Sangkuriang geus jadi jajaka. Dayang Sumbi kuduna mah geus kolot, ngan awét ngora, geulisna teu leungit. Malah Sangkuriang bogoheun jeung hayang ngawin.

Dayang Sumbi gé tadina mah daekeun. Ngan sawaktu nyiaran sirah Sangkuriang, ana goréhél téh céda tapak tatu.

“Ieu tatu urut naon, Akang?”

“Baheula ku Ema ditakol duméh maéhan Si Tumang anjing kageugeut ...” témbal Sangkuriang, matak ngagebeg keur Dayang Sumbi. 

Bari haté ngeleper Dayang Sumbi mikir, kumaha sangkan dirina teu tulus kawin kanu jadi anak sorangan.

Nya ditéangan rupa-rupa akal, contona ku ngasongkeun rupa-rupa pasaratan anu sakirana moal katedunan ku Sangkuriang.

“Abdi daék dikawin, sok asal dipangnyieunkeun talaga jero sapeuting, éta keur lalayaran oléng-pangantén ...” ceuk Dayang Sumbi. Ceuk pikirna, ieu paménta anu mustahil katedunan.

Tapi Dayang Sumbi teu nyangka sacongo buuk yén salila ngumbara jauh ti kolot, Sangkuriang geus boga élmu-panemu jampé pamaké, malah boga balad rébuan bangsa siluman. Jadi sawaktu nampa pasaratan, Sangkuriang mah ngeprak balad siluman.

Sawaréh dititah ngala kai di Gunung Bukit Tunggul jang piparahueun, nu matak cenah disebut Bukit Tunggul téh alatan leuweung dugul da kaina dipake nyieun parahu, nu ngari tinggal tunggulna.

Dina nyieun talaga keur lalayaran, Sangkuriang nitah siluman pikeun mendet Sanghyang Tikoro di Rajamandala, sangkan dataran Bandung kakeueum ngajadi talaga.

Dayang Sumbi reuwas basa nempo pagawéan Sangkuriang téréh anggeus padahal kaayaan masih wayah janari. Tapi da anak ngawin indung ulah kajadian. Atuh manéhna néangan akal.

Para awéwé dititah nutu sanajan wayah janari gé. Ku sabab kadéngé trongtrang sora anu nutu, atuh hayam jago kongkorongok da disangkana geus beurang.

Rébu-rébu siluman anu keur nyieun talaga jeung nu keur dokdak nyieun parahu, ngarasa reuwsa sabab poé geus nyedek ka subuh. 

Angot ti mumunggang gunung kabireungeuh aya cahaya kingkilaban. Disangkana enya geus subuh, padahal éta alatan Dayang Sumbi ngageber-geber boéh rarang. Cenah ti harita éta gunung katelah Gunung Burangrang.

Sangkuriang ambek, sabab pagawéan teu réngsé. Nu jadi gara-gara, para siluman lalumpatan ngampih ka tempatna masing-masing da maranéhna teu tuman mireungeuh cahaya panonpoé. Sangkuriang mah nyaho, ieu ukur rékaperdaya Dayang Sumbi.

Ku ambek-ambekna, parahu ditalapung tepika nangkub, nya jadi Gunung Tangkuban Parahu. Inyana terus ngudag-ngudag Dayang Sumbi sangkan tetep daék dikawin.

‘Ieu téh kajadian nyata,” ceuk Ibu Rumiati anu ditepungan di wewengkon anu kiwari disebut Panorama Dayang Sumbi.

Mana disebut kitu, sabab mun urang ngalangeu dina jumplukan pasir leutik sisi jalan Lémbang-Ciater, dina sela-sela ngaplakna kebon entéh, aya taneuh gundul anu teu daék jadi najan dipelakan tatangkalan naon baé ogé.

Ceuk Ibu Rumiati mah, éta téh urut katincak ku Dayang Sumbi jeung Sangkuriang sawaktu silih udag.

“Dayang Sumbi diudag-udag ku Sangkuriang ti mimiti Gunung Cinta ka Gunung Burangrang,” ceuk Ibu Rumiati. Ari anu disebut Gunung Cinta kiwari palebahna aya di Désa Palasari, Kacamatan Jalan Cagak, Kabupatén Subang.

Nya di éta gunung Dayang Sumbi mimiti tepung deui jeung Sangkuriang anu saterusna aya sir bogoh anak ka indung téh. “Patilasan” silih udagna Sangkuriang jeung Dayang Sumbi ngembat panjang.

Antara Purwakarta-Subang aya Gunung Putri, sabab nya di dinya Dayang Sumbi “ngahiang”. Ari di Bukanagara aya Gunung Tumpeng jeung di Cupunagara aya Gunung Paisdagé. 

Éta téh wewengkon di mana para wanita dikeprak sina masak jang persiapan kawinan Dayang Sumbi jeung Sangkuriang.

Ibu Rumiati katut sawatara urang Lémbang jeung sabudeureun Gunung Tangkubanparahu tetep ngaku ayana Dayang Sumbi anu teu weléh nangtayungan hurip-hirupna urang Lémbang.

“Basa Gunung Tangkuban Parahu kabéjakeun rék bitu taun 1980-an, Ibu masihan terang, gunung bitu mah lain di Tangkuban Parahu tapi di Galunggung. Ari pék enya wé nu bitu mah Galunggung.

Tangkuban Parahu anu dicuriga bakal bitu, malah teu kua-kieu dugika ayeuna,” ceuk Sugandi (57) urang Cikolé mesem. 

Leupas tina urusan kapercayaan mistik, nu écés, jalma baheula anu nyiptakeun legenda Sangkuriang téh kawilang hébat.

Sumber Tulisan: Salaka
    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook

0 comments:

Post a Comment