Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Maung


Aya hiji panyadap (lahang), ari pakasaban nyadap lahang mah gawe sambilan da pakasaban anu utamana mah patani. Hiji poe dina usum katiga entrang-entrangan, manehna tas macul nganggeuskeun hanca, ti isuk jedur dugi ka wanci asar, rengse macul datang ka imah rurusuhan nanggung lodong panyadapan, maksudna rek neang sadapan bisi kaburu poek.  

Beres ngaganti lodong sadapan, gagancangan balik sabab poe geus reupreupan, datang ka imah nyarandekeun lodong lahang didapur, ngagulana mah tugas pamajikanana, leos we kapancuran ngabilas badan anu lamokot ku kesang, beres  mandi terus dahar, teu lila dur-duran bedug magrib.

Beres dahar rurusuhan muru ka tajug, balik-balik sanggeus beres solat isa, bakating teu kuat ku tunduh, balas ku cape tas macul sapoe jeput, datang ka imah teu sirikna meubeutkeun maneh kana dipan, les we sare tibra pisan.  Barang hudang, rarasaanan geus janari, korejat we hudang direret pamajikanan masih tibra, teu gareuwah leos we ka dapur, nyokot lodong jeung rancatanana teu poho nyorendangkeun bedog.

Sanggeus nutupkeun panto dapur, gejlig indit maksudna rek neang sadapan, sanggeus ngaliwatan tungtung lembur anu teu sabaraha gedena, manggih tanjakan, beak tanjakkan manggih pudunan, tungtung pudunan aya solokan, mentas solokan tinggal satanjakan deui tepi ka tangkal kawung sadapanana, sisi leuweung tutupan, apal pisan da liliwatan sapopoe.

Beak ngaliwatan pengkolan jalan mudun, enyay-enyay cahaya sinar obor sisi solokan, lebah jalan lilwatanana.

"Lakadalah geuning geus aya jelema," ceuk gerentes hatena, jog anjog ka sisi solokan, handapeun tangkal waru, anu ngaroyom ka solokan, atra hiji lalaki tengah tuwuh, dedeg pangawakana, make baju lurik, calana pangsi hideung, sirahna diiket barangbang semplak, kumisna jalatreng tapi geus campur jeung huis.

Oborna ditancebkeun kana taneuh disagigireun eta jalema, ari hareupeunana, ngagoler nangka sagede seeng, sapotong geus dipasi-pasi jadi sabaraha pasi, didamparan daun waru. 

Ceuk tukang sadap : " Punten bapa ngiring ngalangkung".

Ceuk eta jalema : "Neang sadapan kisanak", tapi sorana rada ngirung.

"Muhun bapa.." tembal tukang nyadap

Ceuk eta jalema : "ari teu rurusahan mah nyimpang heula atuh, ieu cobaan nangkana, amis geura.."

Ngarasa teu ngeunah amun nolak pangajak, nyimpang we heula, gog nagog hareupeun eta jalma, ngan sabot nagog pas paadu teuteup, eta si tukang sadap kacida ngarasa serabna nempo sinar panon eta jalma. Sor we eta jalma nyodorkeun dua pasi nangka, beak dua pasi, kacida ngarasa sugemana atuda saumur-umuran kakara manggih nangka anu sakitu amisna, baradag jeung amis ka jarami-jaramina.

Beak nangka dua pasi, terus pamitan, di jawab ku eta jalma :"Enya jung atuh bisi kaburu caang..."

Sajeroning nanjak muru ka tangkal kawung sadapanana, manehna ngarasa heran, awakna karasa hararampang, nyasatna lamun lumpat dina tanjakan oge kuat.

Jog anjog ka tangkal kawung sadapanana, kalacat naek barang rek ngaganti lodong sadapan, karasa beurat lodongna, tetela eusi lodong sadapanana aya kana tilu parapat lodong, beres ngaganti ku lodong sadapan anyar, sanggeus leungeun kawung disopak, manehna turun muru tangkal kawung hiji deui, ditangkal kawung ieu oge sarua kitu lodong sadapan nyasatna ampir pinuh, beres... regeyeng ditanggung, terus lempang mudun, sajeroning mudun manehna ngarasa atoh dibarung heran, biasana eusi sadapan dina usum katiga kieu paling paling ukur satengah lodong.

Jog anjog kasisi solokan tadi, kasampak eta jalema masih aya, pokna teh: 

"Kisanak amun rek mekel, mekel we kadinya keur nu di imah, da moal beak kusorangan ieu teh..."

Ngarasa atoh, terus nyimpang, sanggeus nyarandekeun tanggungan lodong, "Tuh ngala daun waru jang bungkusna" ceuk eta jalma, atuh keplas weh nigas dahan waru, ngala daunna 4 ~ 5 lambar, mungkus we dua pasi gede, reketek ditalian ku tali kulit waru, cantelkeun weh kana rancatan pananggung lodong sadapan.

Sanggeus beres gancang pamitan bari nganuhunkeun, leos we balik, barang rek mengkol dina tanjakan, pangangguran manehna ngalieuk katukang, horrr...geuning geus euweuh obor teh, ceuk gerentes hatena, direretan kaditu kadieu lapur teu aya.

Datang ka imah, blus asup ka imah ti panto dapur, manehna ngarasa heran, geuning pamajikanana can mirun seuneu, teu dipikiran, sanggeus nyarandekeun lodong di dapur,
neundeun bungkusan nangka dina parako, blus ka pangkeng, kasampak pamajikanana masih tibra, teu gareuwah goledag we sare deui sisi pamajikanana, les sare tibra, nyaring-nyaring wanci haneut moyan, pedah we kagareuwahkeun ku sora tatangga-tatanggana anu hariweusweus, teu jelas nyaritakeun naon.

Korejat manehna hudang leos ka dapur, nyampak pamajikanana suwung, terus we manehna ka pancuran, balik ti pancuran kasampak pamajikana di dapur.

"Aya naon ni asa rame kitu di luar", ceuk manehna.

"Puguh itu ceu Paraji leungit, peuting tadi, kapanggih sisi solokan tinggal sirah jeung suku sigana wae dihakan maung", jawab pamajikanana.

Renjag eta tukang sadap reuwas kabina-bina, barang pamajikanana ka pancuran rek gegeroh, ras inget kana bungkusan nangka, pangganguran rek dibuka, karek ge disingkab saeutik daun waruna gorehel teh ramo leungeun jalema, naaaa atuh...ongkek-ongkek..borolo utah kawas anu dicicikeun tina jero beuteung, leng kapiuhan, sadar-sadar ampir tengah poe, sanggeus sababaraha kali dicokcrokan ku anduk baseuh.

Eta mah sapoe jeput teu beunang ditanya, ngahuleng siga nu kaedanan.

Sumber: Kusnet
    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook

0 comments:

Post a Comment