Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Pimitohaeun


Kenging: Agus Sugianto

Anéh ku Si Sadi. Opat kali peluang emas teu jadi gol! Padahal geus pahareup-hareup jeung kiper. Nu hiji laun teuing nyépakna jaba lempeng deuih. Anu dua nyisi teuing. Anu panungtung ngajelepung.

"Ku naon éta budak?" Abah, manajer dadakan gereget. Saleuheung lamun pertandingan persahabatan. Pan ieu mah turnamén. Wajib meunang!

Si Sadi meunang bal. Gulak-gilek dibawa ngaliwatan sababaraha pamaén lawan. Bakat ku alus nu ngadribel, kiper gé diliwat. Gawang ngageblang. Nu lalajo ayeuh-ayeuhan. Na atuh, bal anu tinggal ngeploskeun téh kalah dioper ka Si Suhlan, galandang tengah. Si Suhlan teu siap, atuh bal bisa karebut ku bék. Ditajong satarikna.

"Lon! Cik tanyakeun saha éta kiper lawan téh!" ceuk Abah ka Si Dahlan.
"Ké abdi dipiriwit atuh, Bah," Si Dahlan mugen.
"Naha bet dipiriwit?" Abah kerung.
"Pan nuju ngiperan. Teu kénging diganggu."
"Na ari manéh! Nya heueuh atuh ari ka kiperna mah." Abah gemes.
"Naroskeun ka saha nya, Bah?"
"Ka saha wé atuh. Ka tukang loték tuh!"

Si Dahlan ngagidig. Teu lila balik deui.
"Kumaha?" Abah nanya bari panonna mah mencrong ka tengah lapang. Si Sadi sundulanana ngénca teuing.
"Abah céngékna sabaraha hiji?" Si Dahlan.
"Geuning bet los-los kana céngék?" Abah gagaro sirah.
"Atuda teu raos, Bah. Naros pami teu mésér lotékna mah."
"Heuh aing mah! Tujuh!"

Si Dahlan ngaléos. 
"Tujuh tujuh tujuh...," cénah gegerendengan.

Najan hésé béléké, teu burung Si Dahlan meunang info. Sihoréng kiper lawan téh bapana Lilis, kabogoh Si Sadi.
"Paingan...!" Abah unggut-unggutan. "Ménta nomer HP Si Sadi!"

Abah nguliwed ka pipir mushola. Ngirim SMS.

Babak kahiji anggeusan. Skor 0-0 kénéh.

Si Sadi nginum bari muka HP.

"Ieu nomer Lilis nu anyar. Lilis hoyong junun heula sakola. Urang putus heula samentara. Jodo mah moal ka mana."

Si Sadi lungsé. Ambek sigana Lilis téh. Kaciri tina basana, kasar. Biasana sok nga-Enéng-keun. Ieu mah nikukur. Pédah teu dipangnyieunkeun laporan studi tour meureun. Dalah dikumaha. Lain teu hayang mantuan, ngan teu bisa.

Si Sadi ngahuleng mikiran naon sabenerna pangna Lilis mutuskeun teu pupuguh. Nyel ambek. Pasti aya lalaki séjén ieu mah. Anu leuwih beunghar. Moal salah Si Tatang, bandar béas téa. Alesan wungkul hayang jongjon sakola mah. Buktina Lilis teu datang. Dasar awéwé matré! Si Sadi kutuk gendeng.

Si Sadi meupeus keuyang. Di babak kadua maénna siga anu kasétanan. Gawang pimitohaeunana dibombardir. Opat jendol ku manéhna kabéh. Pimitohaeun teu tulus ieuh, gerentesna.

Wasit niup piriwit panjang.

Si Sadi muka deui SMS.

"Aa meuni téga. Teu aya ras-rasan. Ka pun bapa siga anu ceuceub. Sanés ku gol-na nanging ku cara ngagolkeunana. Boro Enéng maksakeun dongkap, nuju riweuh damel laporan ogé. Kawitna mah hoyong ningal Aa sareng pun bapa maén sasarengan. Teu nyangki. Pami kitu carana alim Enéng mah. Aa mung bogoh ka Enéng nanging teu nyaah ka pun bapa. PUTUS!"

Si Sadi hareugeueun bari ngeukeuweuk HP.

Abah jeung Si Dahlan cacaleuhakan dahar loték. Seuhah. 

***
    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook

0 comments:

Post a Comment