Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Pancakaki

Pancakaki teh nyaeta perenahna jelema ka jelema deui anu sakulawarga atawa anu kaasup baraya keneh.

RUNDAYAN
• Anak, turunan kahiji
• Incu, turunan kadua, anakna anak
• Buyut, anak incu
• Bao, anakna buyut
• Janggawareng atawa canggahwareng, anakna bao
• Kaitsiwur, anak janggawareng

KA LUHUR
• Bapa, lalaki nu boga anak, salaki indung
• Indung, awewe nu boga anak, pamajikan bapa
• Aki, bapana indung atawa bapa
• Nini, indungna indung atawa bapa
• Buyut, indung/bapa aki atawa nini
• Bao, indung/bapana buyut
• Janggawareng, indung/bapana bao
• Kaitsiwur, indung/bapana janggawareng

KA GIGIR
• Adi, dulur sahandapeun
• Lanceuk, dulur saluhureun
• Emang/paman, adina bapa atawa indung (lalaki)
• Bibi, awewe adina bapa atawa indung
• Ua, lanceuk bapa atawa indung
• Alo, anak lanceuk
• Toa, anak adi
• Kapiadi, anakna emang/bibi
• Kapilanceuk, anakna ua
• Incu tigigir, incuna adi
• Aki tigigir, lalaki, adina atawa lanceukna aki/nini
• Nini tigigir, awewe, adina atawa lanceukna aki/nini
• Ua tigigir, anakna lanceuk aki/nini
• Emang tigigir, anakna adi aki/nini (lalaki)
• Bibi tigigir, awewe, anakna adi aki/nini
• Adi beuteung, adina pamajikan/salaki
• Dulur sabrrayna, dulur misan, anak paman,bibi atawa ua
• Dulur teges, dulur enya, saindung sabapa
• Indung tere, pamajikan bapa lain nu ngalahirkeun urang
• Bapa tere, salaki indung, lain nu ngalantarkeun urang lahir
• Anak tere, anak sampakan ti salaki atawa pamajikan
• Dulur pateterean, anak indung tere atawa anak bapa tere
• Cikal, anak panggedena
• Pangais bungsu, lanceukna bungsu
• Bungsu, anak pangleutikna
• Baraya laer, baraya nu nurutkeun pancakaki geus jauh perenahna
• Teu hir teu walahir, teu baraya saeutik eutik acan
• Bau-bau sinduk, baraya keneh, sanajan geus laer
• Dulur pet ku hinis, dulur teges
• Baraya, sakur nu aya pancakakina
• Karuhun, luluhur, jalma-jalma anu kungsi aya lila heulaeun urang, nu ngarundaykeun urang.

Dicutat ti: Grup Salaka
    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook

0 comments:

Post a Comment