Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Maksiat Mawa Cilaka





Ba'da maghrib kuring balik ti pagawean, naek motor Astrea Grand taun '90. Hujan leutik ngaririncik mapaes kaayaan sareupna.

Di tengah-tengah perjalanan, hujan teh rada gede, kuring kapaksa rek ngiuhan da teu mawa mantel. Kaparengan aya warung nutup nu teu aya sasaha. Salegor, kuring markirkeun motor nu maksud rek ngiuhan.

Barang asup ka emper warung, geuningan aya duaan nu keur bulucun. Nu lalakina di luhureun nu awewe, keur 'Tutumpakan'. Barasat, kasorot ku lampu motor meni eces. 

Kuring teu lemek, tapi si lalaki bangun ku kaget pisan. Manehna ngaleupaskeun rangkulannana. Gajleng manehna luncat ka jalan bari teu inget kana papakean, tataranjang ngagajleng ka tengah jalan. 

Teu kanyahoan deui aya mobil treuk ngaliwat lumpat tarik. Teu antaparah deui, jedak katabrak. Sirahna kageleng mobil, remek. Mobil treuk teu eureun, malah ngabius mangprung ngulonkeun. 

Kuring ukur gogodeg, ret ngareret ka awewena, manehna ngorondang bari angger bulucun. Sup, asup ka kolong dasaran warung. 

Kuring ukur ngomong na jero hate, 

"Dasar bangkong, teu boga pikiran. Maksiat teh di mana wae, antukna kacilakaan."
    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook

0 comments:

Post a Comment