JAMAN ayeuna, aya undang-undang keur ngatur perkawinan kaasup dina hal perkara nyandung (UU Perkawinan 1974). Di PNS perkara nyandung malah leuwih hese deui da aya PP10 (lamun teu salah). Tah ari samemeh aya UU ieu, perkara nyandung kumaha? Nya bebas, teu kudu make ijin tinu kolot sagala, asal ulah leuwih ti opat. Tapi sanajan kitu, kasadaran yen nyandung teh leuwih mawa kamudharatan tinimbang kamaslahatan, geus tumuwuh lila di masyarakat, nu ditunjukkeun ku lobana humor di urang sunda nu "nyeungseurikeun" kalakuan nyandung.
Sedengkeun nu mimiti ngalarang nyandung di Tatar Sunda (mungkin oge di Indonesia), Bupati Sumedang Pangeran Suria Atmaja nu marentah di taun 1882-1919. Anjeunna nyaram nyandung ka kaum priyayi (birokrat, lamun ayeuna mah PNS). Larangan ieu, kaasup wanian, sabab jaman harita mah priyayi kaasup nu seueur harta, nyandung nu merlukeun harta leuwih, gampang pisan dilakukeun ku kaum priyayi. Tapi teu kacaritakeun aya "perlawanan" kana larangan ieu.
Nu jelas Pangeran Suria Atmaja kaasup bupati nu dipihormat pisan ku urang Sumedang ku kasuksesan anjeunna dina ngawangun Sumedang. Sukses anjeunna pasti teu leupas ti peran para bawahanana, nu dicaram nyandung ku anjeunna. Meureun kulantaran teu nyarandung, para priyayi jauh leuwih soson-soson digarawe. Salah sahiji bawahan anjeunna Raden Sadikin, nu teu aya sanes ramana Ali Sadikin sareng dokter Hasan Sadikin, nu namina diabdikeun jadi aran rumah sakit di Bandung.
Bupati nu ageung jasana kanggo Sumedang teh, wafat di Mekkah, waktos naek Haji. Keur panginget-nginget ka anjeunna ku ageung jasana ka Sumedang, pamaretah Hindia Walanda ngawangun lingga di tengah alun-alun kota Sumedang. Waktu ngaresmikeunana teu kurang Gubernur Jenderal Hindia Walanda (Pangawasa pangluhurna di Indonesia jaman harita) nu datang ka Sumedang.

Seratan W Waluya dicutat ti Grup Pustaka Sunda
0 comments:
Post a Comment