Teuing iraha datangna, kasampak Mas Satro geus aya di tepas imah. Beungeutna alum, neundeun kabingung. Mas Sastro téh geus leuwih ti saparapat abad betah di lembur kuring. Manéhna asli ti tanah Jawa. Ngadon ngumbara.
“Geuning, Mas Sastro! Teu terang iraha sumpingna. Damang, Mas?” cekéng. Laju diuk gigireun Mas Satro.
“Cager, Kang! Punten abdina teu bébéjaan hela!” jawab Mas Sastro, halon.
“Teu sawios, Mas! Ning jiga nguluwut kitu, aya naon?”
“Cumuun kitu. Lieren abdina.”
“Kumaha, kitu?”
“Abong ges pengsiun. Hirup téh, to aya mundingna pisan!”
“Maksadna, Mas!”
“Cobi wé, diimutan! Boga bojo téh, gawéna ngan ngabaudan baé.” Mas Sastro ngomongna dareuda. Duh, ingah. Lain teu hayang menerkeun basana. Geus remen ngabéjaan. Puluhan taun jadi tatanggana. Ngomongna euweuh robahna. Teuing kunaon.
Kajeun, ah! Mending didéngékeun wé. Sugan ari bangbaluh hirupna geus dikedalkeun mah, haté Mas Satro leuwih longsong. Kuring ukur nyenghél, nahan piseurieun.
“Anéh puguh gé. Boga bojo téh. Ari dicarékan téh kalasori.” Mas Sastro neruskeun bangbaluhna.
“Wayahna wé, Mas! Nu penting mah, pamajikan satia ka salaki. Bageur, pan?” cekéng.
“Ah! Bager soteh mun dibere duit badag, bojo teh jadi seri. Tah geus seri mah, abdina teu bisa ngambekan. Terus petingna téh, hayang ngaduketan baé.” Jawab Mas Sastro asa bener nyaritana . Kuring ukur nyenghél.
“Tapi ari barudak mah, séhat nya?” ceuk kuring ngagiwarkeun omongan Mas Sastro. Ambéh teu ghibah.
“Puguh kaduhung boga anak roay téh. Budak nu letik, gering panas. Dibere obat ku abdina, ayena janten iuh. Nu kadua teu raraos. Dibawa ka Dokter, jadi raos.”
“Ari pamajikan, cageur!”
“Bojo mah, raoooos pisan. Séhat, Kang!”
“Syukur atuh, Mas! Ngan katingalina si Mas téh, jiga nu gering?” kuring nalék.
“Nyéta atuh, gering di imah teh asa muter. Ayeuna kuring nu geringna.”
“Ka Dokter atuh, Mas!”
“Muun éta ogé. Atos ka Dokterna.”
“Ceuk Dokterna, kumaha?”
“Ngan dibéré resep ungkul. Cenah, obat téh didaharna, anjing hiji, soang hiji jengker soré. To puguh Dokter téh. Munding ogé paéh, lah!”

Copas ti Fb Kang Djamhur
0 comments:
Post a Comment