Kenging Kang Ikhsan Gumelar
Topéng Banjet téh seni pagelaran drama tradisional. Ilaharna drama tradisional, aslina tara maraén di panggung, cukup di buruan. Sawanda jeung Bangréng, Longsér di Priangan Timur, Ubrug di wewengkon Sukabumi, jsb. Ngan ka béh dieunakeun milu ngigelan jaman, maraénna sok di panggung. Para pamaén, dangdan jeung ngariasna gé teu nyumput, der wé di satukangeun para pangrawit gamelan.
Pikeun urang Subang, sebutan Banjet leuwih loma batan Topéng siga di Karawang, Bekasi, Bogor, Banten jeung Batawi (Jakarta).
Topéng Banjet di Subang jeung Karawang kungsi ngalaman jaman kajayaan kira-kira ti taun 1930 – 1970-an, malahan sigana ti méméh mahabu seni rahayat séjén kayaning Ketuk Tilu, Tayuban, Dogér, Belentuk Ngapung, Dombrét, jsb. Ngan henteu nganusantara siga Topéng Betawi (H. Bokir alm., H. Bolot, Malih, Mandra, jsb). Nu paling “fénomenal” di Subang Banjet Ki Hideung (1940-1960an), tug nepi ka aya rumpaka kawih nu kawentar dihaleuangkeun ku sindén satatar Pasundan taun 1960-an : “Hideung, hideung deui hideung deui….hideung cai kolombéran, jsb”. Ieu téh bakat ku kakoncarana Ki Hideung, da rumpaka éta (cenah) téh mangrupa dialoh heureuy bari dikawihkeun ku rombongan banjet Ki Hideung.
Subang (daérah Pringkasap, Kec. Pabuaran) mangrupa huluwotan seni Topeng Banjet. Nya ti daérah ieu asal muasal “karuhun” (bisa jadi homo-kréatorna) topéng Banjet, nyaéta Bah Enjin/Topeng Enjin. Nu kacatet (numutkeun nara sumber anak wayang Banjet nu masih jumeneng : Bah Umin, 94 taun, DésaTanjungsari Barat, Kec. Cikaum, Kab Subang), Bah Enjin miboga sababaraha anak wayang anu saterusna ngamekarkeun seni Topéng ieu ka Karawang, Bekasi, Bogor, Betawi, Banten jeung lian-lianna. Numatak di Pringkasap aya lembur Babakan Betawi, basa sapopoéna gé dialék Betawi (karuhun sékésélér H. Bokir alm.)
Struktur asli pagelaran Topéng Banjet dibuka ku tatalu nu dinamis pisan dina gending Arang-arangan, Sulanjana, diteruskeun kana ibing topéng jeung lipet gandes. Terus ngabidung (bobodoran juru ibing lipet gandes jeung topéng), kakara diteruskeun kana ngalalakon. Kasubuhnakeun sok diselang ku ngajantuk (patembalan sisindiran bari tetep leubeut ku bobodoran). Dina ngalalakon, adegan kumaha waé, dina Topéng Banjet mah tetep direumbeuy ku heureuy (komédi situasi).
Ironisna, kiwari di Subang geus taya hiji-hiji acan rombongan Topéng Banjet nu aktip. Beunang disebutkeun geus tumpur. Tapi di wewengkon séjén –hususna di Karawang, Betawi, Bogor- masih aya, najan teu mahabu, da kasilih ku seni séjén hususna musik dangdutan.
Asa lebar mun seni ieu kudu tumpur. Palias, anak incu urang ulah nepi ka ngan ukur ngadéngé dongéng: “Baheula, kungsi aya Seni Topéng Banjét di Subang jeung sabudeureunana”.
***

Mairan ku Google
Mairan ku Facebook