Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Copet di Angkot


Kintunan Abah Muvy


"Kiri-kiri pir" ceuk sora panumpang dina jero angkot.

"Ké dipayun sakedik kang, pameng ieu mah bélokan pisan" témbal supir bari ngalaunan mobilna.

"Nya nyalsé wéh pir, dinu rada aman wéh" témbal panumpang deui dina jero angkot.

Kuring ngan saukur nyaksian di jero angkot, nu kabeneran kabagéan jok belah tukang pisan. Teu kungsi lila angkot kasisi, jrut panumpang anu tadi turun bari gura-giru mayar bari ngomong "baé pir tong dipulangan lah sodakoh"

Kuring niténan gurak gerik éta jalma anu sok asa rada sombong mungguh pikir kuring. Katingali éta jalma meuntas bari gura giru deui naék angkot anu jurusan ka katuhukeun. Pasalia jeung jalan anu bakal dijajah ku angkot nu ditumpakan ku kuring.

Geleser angkot maju deui lalaunan. Sabada tepung deui jeung setopan kadéngé sora wanoja ngaeureunkeun éta angkot,"kiri pak supir" kadéngé sora éta wanoja meni halimpu.
Jrut éta wanoja turun bari ragamang leungeunna muka saléting kantong, nu jigana mah budak kuliahan.

"wadduhhh dompet saya mana yah,,,?" kadéngé sora éta wanoja bari katingali bangun anu reuwas jeung geumpeur.

"Kenapa néng" tanya supir ka éta wanoja.

"Pak maap ya, dompet saya ilang, resletingnya sudah terbuka sebagian." tembal eta wanoja bari katingali rawah riwih.

"Waduh gimana atuh néng,,,? kalo gak ada mah gak usah bayar, cuman kasian ajah kalo dompetnya ilang,," témbal éta supir bari maké bahasa campur.

"Iya pak maap ya sekali lagi, saya gak bisa bayar' témbal eta wanoja bari keukeuh ngoréhan eusi kantong.

"Ya udah néng teu nanaon" témbal deui éta supir bari angger maké basa anu campur.

Teu kungsi lila angkot maju deui, bari ninggalkeun nyi mojang anu katingali keur luak lieuk.

"Moal kituh lalaki anu tadi copétna, kapanan diukna gigireun éta awéwé, tapi da ah euweuh bukti ayeuna mah bari jeung jalmana ogé geus jauh meureun," gerentes kuring bari mangwatirkeun ka éta wanoja mun seug bener kacopétan.
    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook