Samulangna ti Amérika Serikat, Pa Éddy diangkat jadi Kepala Biro Perencana Staf Angkatan Laut, di Jakarta. Henteu lila, Pa Éddy meunang pancén nu kawilang beurat nyaeta jadi Ketua Missi Pengawas Pembuatan Kapal-kapal Perang ALRI di luar negeri. Memang, harita teh ALRI keur ngahangkeutkeun meulian kapal-kapal perang jeung senjata.
Kapal perang anu mimiti dibeuli ku ALRI nyaéta opat kapal perang buatan Itali. Salaku Ketua Missi dina éta kagiatan, tangtu we Pa Éddy téh kudu ka Itali. Pa Éddy miang ka ditu pas awal taun 1955. Pancénna nalingakeun kapal-kapal urang anu dijieun di ditu.
Tilu taun ti harita, kapal-kapal perang pesenan ALRI teh réngsé. Dua kapal jenis korvét dingaranan KRI Pattimura jeung KRI Hasanuddin, dua deui kapal jenis fregat dingaranan KRI Imam Bonjol jeung KRI Suropati. Pa Éddy dianggap suksés ngajalankeun missina.
Salila Pa Éddy di Itali, pangkatna kungsi naek jadi Létnan Kolonél, sarta diangkat jadi Komandan Kesatuan Angkatan Laut di Itali (Kalita) Waktu jadi Komandan Kalita, Pa Éddy ngarangkap jadi Ketua Komisi Pengawas pikeun meulian matéril perang ti Yugoslavia deuih. Éta dua pancén téh dilaksanakeun kalayan daria.
Nu matak hasilna ogé nyugemakeun. Kapercayaan pamaréntah jeung ALRI ka Pa Éddy téh beuki gedé baé. Yakin yén Pa Éddy prajurit anu bisa diandelkeun. Bulan April 1955, anu keur aya di Itali, diala ku pamaréntah RI sina mulang ka lemah cai. Pa Eddy diangkat jadi Pemangku Sementara Kepala Staf Angkatan Laut. Pangkatna ogé ditaékkeun jadi Kolonél.
Opat taunt i harita, tangga1 25 Juli 1959, Pa Eddy dilantik jadi Kepala Staf Angkatan Laut, ngaganti KSAL saméméhna, Laksamana Madya R. Subiyakto. Umur Pa Eddy harita kakara 38 taun. Kaasup ngora pikeun nyangking kalungguhan puseur hiji angkatan mah.
Salian ti éta, Pa Éddy ogé jadi Menteri ék Officio dina Kabinet Kerja. Pangkatna oge naék jadi jadi Komodor Laut. Teu kungsi sataun pangkatna naék deui
jadi Laksamana Muda Laut. Bisa disebut¬keun salila sataun téh, Pa Éddy ngalaman tilu kali naék pangkat. Weu, kaasup anu istiméwa atuh.
Bulan Juli 1963 sakuduna mah masa jabatan Pa Éddy salaku Menteri KSAL téh geus réngsé. Tapi lantaran nilik kana préstasina, sarta pikeun neruskeun hanca garapanana ngawangun Angkatan Laut, Pa Éddy diangkat deui jadi Menteri KSAL. Sataun ti harita pangkatna naék deui jadi Laksamana Madya Laut.
Kakara marén tina eta jabatan bulan Pebruari 1966. Bulan September dilantik jadi duta besar di Pakistan, sarta dina tanggal 5 Oktober 1966, ninggang dina Hari Angkatan Bersen¬jata, pangkatna ditaekkeun deui jadi Laksamana Laut. Nya anjeunna Laksamana anu munggaran di Angkatan Laut Républik Indonésia mah.
Hanjakal, sapoé ti sanggeus jadi Laksamana, Pa Éddy Martadinata ngantunkeun. Ninggalkeun hasil gawéna, nyaéta dadasar Angkatan Laut anu kuat. Pa Éddy wapat tanggal 6 Ok¬tober 1966, lantaran kacilakaan hélikopter di wewengkon Riung Gunung, Puncak.
Pa Éddy teh salasaurang putra Indonesia anu teu weleh satia ka lemah caina. Anjeunna milu numpes sawatara pemberontakan, saperti pemberontakan Andi Azis, Soumokil, Permésta/PRRI, jeung sajabana ti éta. Anjeunna deuih anu pang¬heulana teu satuju, malah nyerang Déwan Révolusi/Géstapu PKI.
Pa Éddy téh dipikacinta ku rahayat, komo ku anak buahna mah. Éta baé, basa marén tina jabatanana salaku Menteri KSAL; Angkatan Laut ngayakeun acara paturay tineung anu rongkah. Kaasup upacara anu pangrongkahna wé sapanjang sajarah Angkatan Laut RI mah.
Pa Éddy deukeut jeung anak buahna, komo dina kagiatan anu aya patalina jeung karesep atawa hobina. Pa Éddy resep maénbal jeung musik jazz. Sorana kawilang alus deuih. Anu matak upama aya acara-acara hiburan, utamana di kesatuanana Pa Éddy sok milu ngahaleuang lagu karesepna.
Bukti séjén yén Pa Éddy dipikacinta ku rahayat, méh unggal pustakamangsa ngamuat lalakonna. Méh unggal poé, ti satutasna wapat tea, pustakamangsa harita ngamuat pamanggih katut tanggapan masarakat kana perjoanganana. Ti mimiti surat pembaca, artikel, malah teu saeutik anu winangun sajak ogé.
Pa Éddy Martadinata anu munggaran nyangking pangkat Laksamana di TNI-AL. Anjeunna ogé salasaurang tina dua Pahlawan Nasional nu asalna ti jajaran TNI-AL. Saurang deui nyaeta Yos Sudarso, anu gugur di Laut Aru téa.

Rengse
Kenging Kang Budi Rahayu Tamsyah
Mairan ku Google
Mairan ku Facebook