Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Hakekat Seni Budaya


Kintunan Kang Benny Setiady Hermawan  

Seni teh lahir tina jiwa sairing jeng irama hate. Nu ngajadi aspirasi nurani tina dasarna sir anu baris ngajadi budi. Sahingga bisa nembus kanu galuh lelembutan sejena. Ku halna sa alaman nu aya dina rasana, tur ngajadi panghiap nu tarigtug tutunggulan nu kajadian dina qolbuna. Aya oge nu ngajadikeun seni pikun ngahontal rupa - rupa maksud.

Budaya nyaeta salah sahiji kabiasaan nu lahir nurut kana karakter nu diaspirasikeun, piken ngaraih pangraket pergaulan atawa hal anu dipimaksud kunu ngaspirasikeun Sir pikeun mere jalan karakter budi.  Nu akhirna ngajadi sabagian tatacara tur ngajelma ngajadi adat istiadat.  Nu pada akhirna aspirasi nurani sairing jeung karakter budi.  Sahingga ngajadi sir budi nu kacipta nu sajalan rejeng rasa tur digelarkeun ngajadi seni budaya.
Seni Budaya corakna aneka ragam gumantung kanu ngaspirasiken, sir budi cipta rasana, nu salaras kana kaayaan jiwa tur alam dina mangsana.
    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook