Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Sajarah Sumedang Ti Jaman Kumpeni Tug Nepi Ka Kiwari (19)

Nohonan nu dijangjikeun dina artikel 2, resolutie 10 September 1833, diangkat kana Bupati Sumedang ku resolutie 20 October 1834 dina artikel 1. Raden Soemanagara putra Bupati Sumedang marhum Raden Adipati Koesoemajoeda, kalawan nampi gelaran Tumenggung, jujuluk Raden Tumenggung Soemanagara, dijangjikeun dimana yuswa 21 taun bakal dipasrahan kabupatian jeung damelna, sabab yuswana ayeuna kakara 171/2 taun, sarta ku artikel 2. ditetepkeun salila tacan manjing yuswa, padamelan kabupatian diwakilkeun ka Papatih-polisi Sumedang Raden Tumenggung Soeriadilaga, nu diangkat kana warnen-Regen Sumedang sarta dipatihan ku saderek sarama Raden Aria Soerianagara.

Bupati Sumedang anyar, sabab anom keneh pisan didamelkeun di kator karesidenan Cianjur, teras dibantukeun ka Bupati Bandung Adipati Wira Nata Koesoema (Dalem Karanganyar), ginahu sagala damel nu jadi Bupati tina bagbagan ngaheuyeuk nagara jeung tina bab taneman kopi, linggih di dayeuh Bandung nepi ka bulan September 1835, ti dinya mulih ka Sumedang calik di pakarangan Kaparek, ari Bupati-warnen ti padaleman ngalih ka bumi pakarangan Depok, Patih Raden Aria Soerianagara ka bumi di Cipada, gedong padaleman dikosongkeun bae.

Ku resolutie 17 December 1835 kapasrahan damel karegenan, diistrenan dina poean Lebaran tanggal 20 Januari 1836, Bupati-warnen Raden Tumenggung Soeriadilaga lajeng lugay tina damel, mundut liren sarta dipansiun nyandak tina hasil kopi Bupati aprekin saban bulan f.250,-. Teras mantenna ti bumi Depok ngalih bumen-bumen di kampung Sindangraja, nu matak nepi ka ayeuna nelah Dalem Sindangraja.

Ku resolutie 22 Maart 1836 dua priyayi Limbangan: Patih jeung Hupkumetir Limbangan: Raden Adiwidjaja jeung Raden Kanduruan Wiradimanggala, putra Onderegen Sukapura raden Tumenggung Danoeningrat diganjar gelaran demang jeung Rangga jujuluk Raden Demang Adiwidjaja jeung Raden Rangga Tanoewangsa (Tanuwangsa).

Ku surat  Residen Priangan tanggal 6 Mei 1837 kaunjukkeun Bupati Sukapura Raden Adipati Wiradadaha pupus, diganti kana Regen ku saderekna Raden Tumenggung Danoeningrat, nu nampi gelaran ku akte tanggal 13 December 1831, diangkat kana Bupati Sukapura ku bisluit tanggal 15 Juni 1837, teras gentos jenengan ku bisluit tanggal 22 Mei 1840 jadi Raden Tumenggung Wira Tanoe Baja ngalap tedak Parakanmuncang jenengan ramana Bupati Sukapura (taun 1765/1770 – 1807) Adipati Wira Tanoe Baja.
    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook