Pasar Baru Bandung 1888 |
WCM téh dianggitna ku Mas Kartadinata, taun 1910, dumasar kana katerangan ti Radén Yudasastra anu matuhna di Désa Pungkur. Dina MCM disebutkeun yén Mas Kartadinata téh matuhna di Banoncinawi. Teu kungsi kapaluruh, ari éta lembur téh di mana persisna. Ngan anu sidik éta pangarang wawacan téh kungsi jadi kapala setasion karéta api di Rajapolah, Tasikmalaya. Sajaba ti WCM, Kartadinata kungsi ngagurit wawacan Rusiah Priangan, anu dina taun 1921 diterbitkeun ku Balé Pustaka.
Leupas tina ayana perbédaan sautak-saeutik, lalakon Munada téh mémang hiji kisah nyata anu ngageunjleungkeun. Bisa jadi mun diukur ku kondisi masarakat alam harita mah (pertengahan abad ka-19) kajadianana dianggap luar biasa. Balukar tina éta peristiwa, Dalem Bandung dieureunkeun tina kalungguhanana.
Lian ti éta, dina peristiwa Munada téh ngébréhkeun hiji kanyataan anu patali jeung kondisi sosial mangsa harita; upamana waé kumaha hubungan urang Cina anu palinter usaha jeung para ménak/priyayi, kaasup jeung gegedén bangsa Walanda, jeung kumaha deuih liku-liku bisnisna. Dina urusan ténder proyék pamaréntah (dina hal ieu meulian kuda pikeun kaperluan karéta pos) geus aya unsur kongkalikong. Dina mangsa harita, sakurang-kurangna dina carita anu patali jeung peristiwa Munada, padagang Cina geus ngalalakon, geus bisa logor nembus ka kalangan birokrat.
Dina jaman harita gé geus mimiti usum intrik di kalangan gegedén, anu kasang tukang jeung kapentinganana béda-béda. Kitu deui pajabatna bisa aya anu jadi beunghar sanggeus nyekel hiji kalungguhan. Radén Suryalaga, upamana, sanggeus jeneng Jaksa Bandung téh ngadadak jadi beunghar pisan. Tapi ku sabab kabeungharanana éta Jaksa Suryalaga dipitenah ku Istor Abang Saréan, tepi ka ahirna ditahan di Cianjur. Ngan ku sabab bisa ngayakinkeun Gupernur Jénderal dina hiji audiensi, Suryalaga ahirna dibébaskeun deui, malah ngaranna terus diréhabilitasi ku jalan dijenengkeun jadi jaksa di Belitung. Ari Istor Abang Saréan ahirna meunang hukuman, sabab kanyahoan nyieun lampah curaling.
Dina alam harita, jigana dianggap biasa waé mun aya gegedén Walanda “nginjeum” awéwé ka ménak pribumi, najan anu diinjeumkeun téh statusna ukur selir. Di mana éta selir ngandung (atawa mungkin waé lamun geus bosen), bisa waé dipulangkeun deui bari dibéré parurugi. Atuh budak anu dikandungna bisa diaku ku saha waé, tur teu mustahil isuk jaganing géto aya anu jadi gegedén.
Lamun maca WCM, kagambar dina ciciptan urang, kumaha situasi Bandung dina jaman harita. Bandung anu masih kénéh coréngcang pangeusina, loba tanah ublug-ablag, di sawaréh tempat aya kénéh leuweung, jeung anu kaitung ramé téh ukur di sabudeureun alun-alun wungkul. Éta waé malidkeun mayit di Cikapundung ogé tepi ka taya anu manggihan. Mana kitu gé meureun langka jelema ngulampreng. Dikecemplungkeun ti lebah Braga, terus ngaléong palid ka hilir, anu ahirna mah tepi ka Citarum.
Kagambar deuih, kumaha kondisi sosial dina alam harita. Éta waé geura dina lebah ngagambarkeun kumaha beungharna Jaksa Suryalaga, ungkarana téh kieu:
Dupi kabeungharanana
ratus-ratus sapi munding
kuda domba pirang-pirang
sawahna nya kitu deui
saratus bahu leuwih
unggal désa unggal kampung
situ-situna puluhan
paré ratus caéng leuwih
warung séwa ngembat dina sisi jalan
Tah kitu gambaran gegedén (jaksa) anu beunghar dina alam harita mah. Diukurna téh ku lobana sasatoan (sapi, munding, kuda, jeung domba), sawah (saratus bahu téh kurang leuwih 70 héktar), paré hasil panénna (sacaéng = 200 geugeus; sageugeus = dua pocong; sapocong = kurang leuwih lima kati; sakati = kurang leuwih genep ons), jeung situ. Lian ti éta, Juragan Jaksa téh nyéwa-nyéwakeun warung deuih, ngembat di sisi jalan. Mun jaman ayeuna mah meureun sarua jeung boga pusat pertokoan atawa ruko.
Jadi, najan teu dijelaskeun ti mana sumberna, geuning geus aya ti baheulana gegedén beunghar téh, lain dina jaman ayeuna waé!
(réngsé)

Mairan ku Google
Mairan ku Facebook