Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Génjlong 1845: Konspirasi di Lingkungan Ménak Bandung (Bagean III)

Jl. Ciguriang 1880-an
Peristiwa Munada anu ditulis dina WCM mah leuwih euyeub batan anu jadi bagian tina BRAAM, sanajan eusina tacan dijamin bisa dianggap data sajarah. Ari sababna WCM mah leuwih beurat kana nyampurkeun sajarah jeung fiksi, batan kana peristiwa sajarahna anu dumasar kana data oténtik.

Teu béda ti anu ilahar aya dina karya sastra, dina WCM mah pribadi tokoh-tokohna téh digambarkeun kalawan lengkep. Kitu deui aya galur carita, téma, katut gaya basa métapora jeung simbolis. Jadi WCM mah leuwih keuna mun disebut karya sastra sajarah.

Dina WCM mah anu jadi Hoofdjaksa (jaksa kapala) di Bandung téh lain Naranata, tapi Radén Demang Mangunagara. Éta jaksa ngarasa meunang kanyeri ti Bupati Bandung jeung Asistén Residén, patali jeung urusan di pagawéanana. Komo ku Bupati Bandung mah ngarasa nyeri haténa téh ku dua, ku tilu. Ari sasabna, Jaksa Mangunagara téh mikahayang putri bupati, ngaran Rajapamerat anu cenah geulisna kawanti-wanti. Ari pék éta putri kalah dijodokeun ka Radén Surya Kusumahdinata (putra Bupati Sumedang) anu harita jadi kumetir kopi di Cianjur. Jaksa Mangunagara asa diteungteuinganan, dipegatkeun kasuka.

Asistén Nagel téh masih kénéh lalagasan. Manéhna ménta ka Bupati Bandung supaya disadiaan batur sakasur (istilahna nyai-nyai). Nya dibéré (nginjeum) salah saurang selir bupati. Éta selir téh mun peuting giliran asup ka loji, jadi batur saré Asistén Residén, ari beurangna balik deui ka pendopo kabupatén.

Lila-lila selir téh ngandeg, tapi Nagel teu hayangeun ngaku ka jabang bayi anu masih kénéh dikakandung. Sanggeus ngaliwatan musawarah, ahirna éta selir ditikah ku bupati, tur anak anu dina kandunganana diakukeun putrana pituin. Si selir dibéré “parurugi” ku Asistén Nagel, gedéna sarebu gulden. Teu kungsi lila selir ngalahirkeun, dingaranan Raden Eros, anu kagegedéanana jadi Radén Adilaga. Sanggeus sawawa, Radén Adilaga téh jadi nonoman anu pinter, ganteng, jeung kulitna bulé kawas urang Walanda. Karirna ogé maju, tepi ka ahirna bisa nyekel kalungguhan Wadana Ujungberung.

Ayeuna urang nyaritakeun Munada. Ari Munada téh asalna ti Kudus, ngaran aslina Liem Siang. Gagah, perlénté, jeung capétang. Ari pagawéan sapopoéna jadi padagang kuda, munding, jeung kahar pikeun kaperluan karéta pos. Istilahna Munada téh jadi anémer. Mun ku basa ayeuna mah meureun rékanan pamaréntah. Kungsi ngumbara di Cianjur, terus pindah ka Bandung; matuhna di Désa Cibadak. Kituna téh bari terus dagang kaén di pasar.

Ku sabab pinter gaul, Munada bisa ngadeukeutan para priyayi Bandung, kaasup gegedén ti golongan bangsa Walanda. Manéhna logor asup ka kalangan birokrat, anu hal éta téh ngalantarankeun usahana di Bandung tambah maju. Ngan hanjakal, najan meunang duit sakumaha lobana gé sok terus béak, sabab Munada téh resep ngamadat, ngadu, jeung rucah. Najan enya geus asup Islam, tapi ari kalakuan anu kaasup 4M (maén, madat, madon, jeung maling) angger waé sok dipigawé, da geus ngabaju téa.

Lantaran awuntah, Munada gedé hutangna, kaasup ka pamaréntah, hutang lélang gedéna 300 gulden. Munada boboléh teu bisa mayar, terus meredih ka Asistén Residén sangkan dipangnalangankeun heula. “Heug ku kami ditalangan, tapi pangjualkeun heula munding di Balubur Limbangan,” kira-kira kitu jawaban Tuan Nagel téh. Tapi, duit ladang munding téh teu terus disetorkeun ka kas nagara, da terus dibéakkeun di pangaduan jeung di tempat rucah.

Lain sakali, dua kali Munada kitu peta téh, tepi ka ahirna mah manéhna dikerem di bui. Nya ti harita manéhna ngunek-ngunek ka Asistén Nagel téh. Kabeneran deuih sakaluarna ti bui téh manéhna tepung jeung Radén Mangunagara anu keur kanyenyerian ku Bupati Bandung. Maranéhna badami pikeun maéhan Bupati Bandung jeung Asistén Nagel. Nya terus ngumpulkeun batur pikeun nyieun komplotan.
 
Ari kajadian rajapatina mah teu pati géséh tina anu ditulis dina BRAAM. Saméméhna Munada ngaduruk imah. Dina WÉM mah ditétélakeun yén anu diduruk téh lain imah randa, tapi bogana Munada sorangan, meunang meuli ti Nyi Radén Tanék, hargana salapan ringgit, tapi ari dibayarna mah karék opat ringgit (10 gulden).
 
Waktu Asistén Residén datang ka tempat kahuruan, gancang ku Munada ditinggang ku gobang, tepi ka tiwasna (dina BRAAM mah Munada téh henteu ngagunakeun gobang, tapi keris).
Najan geus kanyahoan yén komplotan anu maéhan Asistén Nagel téh dipingpin ku ku Jaksa Mangunagara, tur anu boga dosana geus dihukum buang, tapi ari Munadana mah teu kungsi kapanggih deui. Éta Cina mualap téh ngaleungit lir anu diteureuy bumi. Sakitu diubek ka saban tempat ogé, weléh teu kapanggih.

Singhoréng Munada téh geus dipaéhan ku komplotanana kénéh, sakumaha paréntah Jaksa Mangunagara. Ti sanggeusna maéhan Asistén Nagel, pasosoréna Munada téh datang ka imah jaksa, terus disumputkeun dina jero peti meunang saminggu. Ari anu ngaku-ngaku Munada mah, nyaéta anu kabur meuntas Citarum, nyaéta salah saurang anggota komplotan, ngaran Mas Sastra.

Munada ahirna ménta dipaéhan. Ku Jaksa mangunagara dicumponan. Harita kénéh nitah opat jalma (Ngabéhi Juri, Pa Kénto, Nata Wijaya, jeung Mas Surareja). Munada dibawa ka sisi hiji solokan, terus dipeuncit ku Pa Kénto. Ari mayitna terus dipalidkeun ka Cikapundung.

Kabongkarna éta rusiah téh ti urut pamajikan anu ngora Jaksa Mangunagara, ngaran Nyi Salimantri, sanggeus peristiwana lumangsung dua taun. Nyi Salimantri anu keur rarandaan bobogohan jeung Radén Suryalaga (dina BRAAM ngaranna Suriadilaga), nyaéta jaksa anyar pindahan ti Purwakarta anu ngaganti kalungguhan Jaksa Mangunagara. Nyi Salimantri ahirna buka rusiah yén sanajan diubek ka tungtung langit gé Munada téh moal kapanggih, da sidik geus dipaéhan ku urut salakina, terus layonna dipalidkeun ka Cikapundung.
    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook