Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Mudik Jeung Lebaran



Dina literér Sunda béh ditu, kaasup dina sakur kamus Sunda, urang hamo manggihan kecap “mudik” nu hartina balik heula ka lembur. Pangna kitu téh bisa jadi lantaran kecap “mudik” lain tina basa Sunda, atawa mémang harita mah tacan aya kabiasaan kawas ayeuna: nu ngumbara nyelang néang lemburna dina mangsa lebaran. Kecap “mudik” kungsi dipaké dina sawatara tulisan, tapi sok dikantétkeun jeung kecap “milir”, saperti nu kapanggih dina dangding Haji Hasan Mustappa jeung sawatara tulisan R. Satjadibrata. Tangtu urang papada terang, kecap “milir mudik” mah jolna tina basa Malayu.
Jaman béh ditu gé, lain hartina taya jalma nu keur ngumbara terus balik heula dina waktu lebaran. Ngan tacan dingaranan mudik, jeung tacan obyag kawas ayeuna. Nu baralik ka lembur teu matak ngabarubahkeun, jajauheun matak heurin di jalan mah. Teu kurang-kurang jalma nu ngarasa nineung kana suasana lebaran di lembur, nepi ka najan keur sakumaha jauhna gé, maksakeun balik. Nineung lain ukur ku tradisi lebaran nu kapanggih di kota, tapi réa nu nyebutkeun yén lebaran téh lambang nu balungbang timur, caang padang narawangan, mulus tina basa rumeuk, geuneuk, jeung maleukmeuk.
Dina Majalah Sunda taun 1953, Sjarif Amin kungsi nulis panineungan nu dijudulan “Néangan Lebaran”. Panineungan nu ngébréhkeun kabiasaan di lembur dina nyanghareupan puasa jeung lebaran, nu disawang mangsa nu nulis geus jauh ti lembur. Cék Sjarif Amin dina tulisanana, upama dina mangsa lebaran teu munjungan ka indung, bakal jadi hutang nu kacida beuratna. Ku kituna, najan keur di mana waé, teu kahalangan ku samporétna waktu, walurat di jalan, teu burung diudag—boa mun anjeunna jumeneng kénéh mah, nu kieu téh bakal disebut mudik téa.
Riung mungpulung jeung silih hampura téh geus jadi tradisi ti biharina dina poé lebaran. Sakumaha keuheulna Néng Éha ka carogéna dina roman “Lain Éta” karya Moh. Ambri, dina poé lebaran mah maksakeun ngadeuheus. Dina sawatara tulisan, sawatara hal nu patali puasa katut lebaran di antarana: kuramas, ngabuburit, dibagi dahareun mangsa tarawéhan, ngadulag (sakapeung nepi ka digotong ngurilingan lembur), ngalalu (puasa tapi teu saur heula), ngirim rantang, nyeungeut pepetasan (atawa karbit dina lodong, cécéngékan, babawangan, merecon), nyieun rupaning kadaharan, meuli baju anyar, nyekar atawa nadran, jeung munjungan (nganjang ka kolot, baraya, dulur, tatangga, pikeun tamada ménta dihampura). Suasana dina bulan puasa katut lebaran, bisa kabaca deuih “Guguyon Bulan Puasa” karya G.S. (1930) atawa buku bacaan barudak “Roesdi djeung Misnem” (1913?).
Mun nilik kana rupaning kabiasaan bihari, nu pangpentingna dina mudik téh nya tepung lawung bari silih dihampura téa. Kungsi aya dongéngna, dina poéan lebaran, aya nu munjungan ka Haji Hasan Mustappa, ménta dihampura. Haji Hasan Mustappa kalah mariksa, “Kasalahan nu mana téa? Perkara ngahampura mah gampang, tapi béjakeun heula kasalahanana naon?”
Jadi kapiasem sorangan, kacipta mun dina média sosial ngadaftar unggal kasalahan. Tetebiheun tiasa mudik kana beresih deuih mah, paneda mah teu rocét sareng raca teuing, atuh nyanggakeun pangwilujeng: wilujeng boboran siam, wilujeng nyawalan, tamada tina sakur kaluluputan.
    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook