DI wewengkon Pandéglang, tradisi ngaleupeut téh dua kali dina sataun. Dina bulan Sapar jeung dina saban cunduk lima belasna puasa. Ngaleupeut kunut katelahna dina bulan puasa mah. Minangka sidekah marengan du’a kunut nu sok diucapkeun dina solat witir tarawéh ti mimiti tanggal lima belas. Kitu pangna katelah ‘leupeut kunut’ téh. Tah, ari dina mapag lebaran mah teu aya kabiasaan ngaleupeut kawas di Priangan. Sabab nu jadi kacapangan lebaran mah taya deui iwal ti daging kebo. Beuhh... ramé jasa dongéngna perkara daging kebo téh! Ké sugan pareng kaguar, kumaha haliwuna urang Pandéglang ku urusan daging kebo saban-saban rék lebaran!
Ari nu disebut leupeut, di Pandéglang aya dua rupa; leupeut bener jeung leupeut beubeur. Leupeut bener sarua jeung kupat di Priangan. Dijieun tina béas, maké urung daun kalapa. Leupeut beubeur mah dijieunna tina béas ketan, dikalapaan. Keur nu boga mah sok diémbohan ku siki kacang, ngarah leuwih pelem. Sarua dibungkus ku daun kalapa, ngan cara mungkusna béda.
Tara meuli ti pasar urung leupeut téh. Nyarieun baé masing-masing di saban imah. Waas, di saban tepas, kolot-budak bikang-laki sok ngadarekul nyarieun urung leupeut. Budak satepak oge bisa nyieun urung téh. Tina daun kalapa ngora, disebit dipiceun nyéréna, tuluy dianyamkeun ku dua leungeun. Saguriwel-saguriwel. Wangunna rupa-rupa jeung husus aya ngaranna. Aya leupeut koja, leupeut bawang, leupeut manuk, jeung leupeut pasar. Nu disebut pandeuri wanguna ilahar, kawas kupat nu aya di Priangan. Kayungyun ku cara karuhun, lebah népakeun tradisi nyieun urung ka anak incu. Aya babasan, majar nu teu bisa nyieun urung leupeut, ké bakal dicabakkeun kana rarangan Nyi Raraksa. Asa inget kénéh keur budak, sok ngabirigidig ari geus aya kolot nu ngomong kitu. Cenah rarangan Nyi Raraksa mah buluna gé kawas injuk sakakab.
Gustiii….kacipta! Naha pédah disingsieunan kitu atawa ku perbawa tina kaayaan baé, teu aya budak nu teu bisa nyieun urung leupeut téh! Bari ngariung saimah-imah di ambén (tepas), urung leupeut téh laju dieusian béas beunang ngisikan. Teu kaci pinuh, ukur satengahna, da engké gé kaeusi geus dikulub mah. Ngulubna sok maké apu saeutik, ngarah leupeutna pejel. Seuneuna kudu angger hurungna. Nu matak suluhna gé teu ilok lalawora. Kudu ku suluh kai kihiang, laban, jeung kai nu aralus keur suluh. Ku pancar mah sok teu ngeunah kana leupeutna. Nu sidik mah sok laju pok baé, “Bedus, ngedul nyiar suluh ieu mah dak, leupeut bau pancar!”
Leupeut beubeur mah daun kalapana henteu dijieun urung, tapi cukup ku ditékrokkeun, ditikel-tikel, tilu opat tikelan. Dieusian béas ketan beunang ngalapaan. Ret-ret ditalian ku tali awi. Tilu bagian anu ditalian téh. Paleungkeur, ngabarelenu. Leupeut beubeur Pandéglang ukuranana leuwih panjang tibatan leupeut ketan nu aya di Priangan. Upama geus asak, boh leupeut bener boh leupeut beubeur, sok digantung-gantungkeun, rantuy dina gantar di dapur. Haren nénjona ari leupeut geus rantuy téh. Leupeut beubeur mah sok dibeuleum heula, diganggangkeun luhureun ruhak di hawu saméméh didahar téh. Pédo jasa.
Dina maleman lima belas puasa, nu rék tarawéh sok bari nyaruhun baskom atawa boboko dieusi leupeut arindit ka masjid téh. Engké sabada tarawéh, leupeut ditunda di tengah masjid. Der ngadu’a. Upama geus réngsé ngadu’a, burulu leupeut dieurihkeun tina wadah. Ditambrukeun, ngahunyud. Tuluy dibagi rata ka nu araya ngariung. Haliwu, jaligrah. Éta-éta kénéh, sarua kadaharanana mah. Leupeut. Nu urang ku batur. Nu batur ku urang. Tapi jadi hiji kabungah anu pohara. Bisa silih asaan rejeki jeung sasama!

(dicutat tina seratan Kang Hadi AKS di Grup FB Pustaka Sunda)
0 comments:
Post a Comment